Arsip pikeun Nopémber, 2008

PANTUN

Pantun atawa carita pantun mangrupakeun hiji seni pintonan carita pitutur/lisan sastra Sunda kuna bari ditembangkeun sarta dipirig ku kacapi. Pantun dipidangkeun ku saurang “juru pantun” nu ogé maénkeun kacapi.

1.      Sajarah

Pantun mangrupakeun hiji wanda seni nu kawilang geus kolot. Catetan pangkolotna nu nyebutkeun ngeunaan pantun aya dina naskah kuna Sanghyang Siksa Kanda ng Karesian taun 1518 nu nyebutkeun ngeunaan carita pantun Langgalarang, Banyakcatra, jeung Siliwangi nu dipidangkeun ku “prépantun”, juru pantun téa. Pantun anu ogé kawilang kuna nyaéta Pantun Bogor nu dicaritakeun ku Ki Buyut Rambéng.

Kamekaran seni pantun salajengna dicirikeun ku nambahanana carita-carita pantun nu ajénna dianggap luhung, kayaning carita Lutung Kasarung, Ciung Wanara, Mundinglaya Dikusumah, Déngdéng Pati Jaya Perang, Ratu Bungsu Kamajaya, Sumur Bandung, Demung Kalagan, jsb. Di Kanékés nu masarakatna hirup dina budaya kuna, seni pantun téh dalit pisan. Anu ilaharna dipidangkeun dina ritual kaagamaan/adat di antarana carita Langgasari Kolot, Langgasari Ngora, jeung Lutung Kasarung.

Kamekaran/kaluhungan seni pantun geus nyatetkeun sababaraha urang juru pantun anu kawentar dina mangsana. Di Cianjur, misalna, aya R. Aria Cikondang (abad ka-17) sarta Aong Jaya Lahiman jeung Jayawireja (abad ka-19). Awal abad ka-20, di Bandung aya Ucé, sedengkeun dina panengah abad ka-20, nu kawentar téh Pantun Beton “Wikatmana”.

 

1.1  Pamirig

Alat musik nu sok mirig pintonan pantun téh kacapi. Ti mimiti kacapi kuna sakumaha nu aya di Kanékés kiwari (kacapi leutik 7 kawat), kacapi gelung (tembang, sarua jeung nu sok dipaké dina tembang Cianjuran), nepi ka kacapi siter (Jawa). Anapon laras (tangga nada) nu dipaké mirig carita pantun, nyaéta laras pélog, tapi loba ogé nu maké laras saléndro.

 

2.      Pintonan

Seni pantun dipidangkeun dina dua bentuk: (1) pikeun hiburan jeung (20 pikeun ritual. Dina pidangan hiburan, nu sok dicaritakeun téh gumantung ka carita nu dikawasa ku juru pantun, atawa gumantung nu nanggap. Sedengkeun pikeun ritual, misalna ruwatan, caritana sarua jeung dina pintonan wayang, kayaning Batara kala, Kama Salah, atawa Murwa Kala.

Pintonan pantun biasana dipidangkeun kira jam 02.00-05.00. Rajah dina pintonan ruwatan leuwih panjang sarta katémbong sakral batan dina pintonan hiburan nu ilaharna dipintonkeun kira jam 20.00-04.00. Najan dipidangkeun pikeun tujuan hiburan, pantun teu bisa kitu baé ditanggap. Masarakat Sunda nganggap pantun téh masih mibanda watek sakral sarta sok dipatalikeun jeung upacara ngamulyakeun karuhun. Ku kituna, pintonan pantun biasana sok dibeungkeut dina struktur pintonan baku nu caritana museur ka kahirupan raja-raja Sunda atawa carita masarakat Sunda.

Sacara umum, pola pintonan pantun bisa diudar dina susunan kieu: (1) nyadiakeun sasajén, (2) ngukus menyan, (3) “rajah pamunah”, (4) carita ti bubuka nepi ka panutup, sarta (5) ditutup ku “rajah pamungkas”.

Salaku kasenian nu hirup ti jaman Hindu nepi ka Islam, teu matak ahéng mun ungkara jeung ajaran ti juru pantun téh mangrupa campuran éta dua jaman. Najan aya istigpar (Islam), istilah-istilah sarupaning “Déwata”, “Pohaci”, “para karuhun”, “buyut”, jsb.

Kasenian pantun nu mibanda ciri budaya Sunda, utamana dina hal kapercayaan Sunda Kuna, ngajadikeun pantun béda hambalan jeung kasenian Sunda lianna. Pikeun urang Sunda mah, pantun téh mangrupa média pikeun ngararasakeun deui (panineungan) kana mangsa nanjungna kaadaban masarakatna.

Kiwari, seni pantun geus loba nu ninggalkeun. Juru pantun nu aya kénéh téh geus kari sababaraha urang.

 

3. Daftar Carita Pantun

1.      Ciung Wanara

2.      Lutung Kasarung Lutung Kasarung

3.      Mundinglaya di Kusumah

4.      Aria Munding Jamparing

5.      Banyakcatra

6.      Badak Sangorah

7.      Badak Singa

8.      Bima Manggala

9.      Bima Wayang

10.  Budak Manjor

11.  Budug Basu /Sri Sadana / Sulanjana

12.  Bujang Pangalasan

13.  Burung Baok

14.  Buyut Orenyeng

15.  Dalima Wayang

16.  Demung Kalagan

17.  Deugdeug Pati Jaya Perang / Raden Deugdeug Pati Jaya Perang Prabu Sandap Pakuan

18.  Gajah Lumantung

19.  Gantangan Wangi

20.  Hatur Wangi

21.  Jaka Susuruh

22.  Jalu Mantang

23.  Jaya Mangkurat

24.  Kembang Panyarikan / Pangeran Ratu Kembang Panyarikan

25.  Kidang Panandri

26.  Kidang Pananjung

27.  Kuda Gandar

28.  Kuda Lalean

29.  Kuda Malela

30.  Kuda Wangi

31.  Langla Larang

32.  Langga Sari

33.  Langon Sari

34.  Layung Kumendung

35.  Liman Jaya Mantri

36.  Lutung Leutik / Ratu Bungsu Karma Jaya

37.  Malang Sari

38.  Manggung Kusuma

39.  Matang Jaya

40.  Munding Jalingan

41.  Munding Kawangi

42.  Munding Kawati

43.  Munding Liman

44.  Munding Mintra

45.  Munding Sari Jaya Mantri

46.  Munding Wangi

47.  Nyi Sumur Bandung

48.  Paksi Keling / Wentang Gading

49.  Panambang Sari

50.  Panggung Karaton

51.  Parenggong Jaya

52.  Raden Mangprang di Kusumah

53.  Raden Tanjung

54.  Raden Tegal

55.  Rangga Sawung Galing

56.  Rangga Gading

57.  Rangga Katimpal

58.  Rangga Malela

59.  Rangga Sena

60.  Ratu Ayu

61.  Ratu Pakuan

62.  Ringgit Sari

63.  Senjaya Guru

64.  Siliwangi

 

Sumber rujukan

 

    * Ganjar Kurnia. 2003. Deskripsi kesenian Jawa Barat. Dinas Kebudayaan & Pariwisata Jawa Barat, Bandung

Pairan (3) »

BUDAYA SUNDA

Budaya Sunda nyaéta budaya nu dipimilik ku urang (séké sélér) Sunda. Najan budaya Sunda loba nu nyaruakeun jeung budaya séké sélér tatanggana di Nusantara/Indonésia, tetep baé loba bédana. Misalna dina seni tembang Cianjuran, nu najan lirikna loba nu nyokot tina dangding, jeung najan asalna mémang tina seni vokal Jawa, tapi kamekaranana ayeuna geus bisa disebut lain-lainna deui dibanding jeung seni karawitan Jawa.

1.Sajarah     

Kasadaran sajarah urang Sunda geus aya ti jaman baheula. Hal ieu, misalna, kaunggel dina naskah basa Sunda Kuna Amanat Galunggung nu mangrupakeun amanat Rakéyan Darmasiksa, raja Sunda nu maréntah taun 1175 – 1297, ka turunan sarta sakumna urang Sunda, nu unina

   “Hana nguni hana mangke, tan hana nguni tan hana mangke. Aya ma beuheula aya tu ayeuna, hanteu ma beuheula hanteu tu ayeuna. Hana tunggak hana watang, tan hana tunggak tan hana watang. Hana ma tunggulna aya tu catangna”.

nu hartina,

   “Aya bareto aya jaga, lamun teu aya bareto moal aya jaga. Aya baheula aya ayeuna, lamun teu aya baheula moal aya ayeuna. Aya iteuk aya dahan, lamun teu aya iteuk moal aya dahan. Lamun aya tunggul tangtu aya urut tangkalna”.

Naskah Sanghyang Siksa Kanda ng Karesian nyebutkeun ngeunaan ayana rupa-rupa kamonésan dina widang kabudayaan, di antarana mémén (dalang), paraguna (ahli karawitan), hémpul (ahli kaulinan), prépantun (juru pantun), lukis (seni batik), jeung darmamurcaya (juru basa nu ahli rupa-rupa basa deungeun). Dina naskah éta ogé kasebut sababaraha carita, lakon pantun, jeung kitab pusaka kaagamaan, nu ngabuktikeun yén dina mangsa harita kasusastran tulis Sunda geus mekar. Gedé kamungkinanana yén jenis sastra mangsa harita mah lolobana dina wangun sastra lisan, kayaning jampé-jampé, pupujian, lagu-lagu kaulinan, kawih jeung carita pantun, jeung carita biasa.

 

2.Ageman     

Bukti-bukti sajarah nu geus kagali ngeunaan ageman urang Sunda baheula bisa ditapsirkeun tina sababaraha naskah:

·        Séwaka Darma

·        Sanghyang Siksa Kanda ng Karesian

Kahirupan jaman harita raket pisan pakaitna jeung kapercayaan tur kagiatan kaagamaan. Agama anu dianut nyoko kana ajaran agama Hindu jeung agama Buda anu asalna ti India. Eta dua agama asup ka Tatar Sunda ti jaman karajaan Tarumanagara keneh. Bukti-bukti anu kapanggih ngeunaan eta hal, saperti candi Cangkuang di Garut, candi Batujaya jeung Cibuaya di Karawang, patung Buda di Talaga (Majalengka), arca Siwa di Kendan (Bandung). Sok sanajan kitu, dibandingkeun jeung pangaruh agama Hindu/Buddha anu tumerap di Tanah Jawa (Mataram, Kediri, Singasari, Majapahit), pangaruh eta dua agama di Tatar Sunda kaasup leutik pisan.

Titinggal mangrupa patilasan punden berundak, kabuyutan, arca tipe Polinésia, jeung naskah nembongkeun yen sabagian gede masyarakat Sunda jeung Galuh ngagem agama Jatisunda, nya eta agama hasil sinkretisme kapercayaan ka arwah luluhur, ajaran Hindu, jeung ajaran Buddha. Dina ieu hal urang Sunda alam harita geus ngabogaan konsep sorangan ngeunaan kaagamaan anu ngurung tilu hal, nya eta (1) kapangeranan, (2) kahirupan sanggeus nyawa ninggalkeun raga, jeung (3) cara-cara pikeun nyalametkeun diri boh keur salila kumelendang di ieu dunya boh keur hirup jaga di aherat.

Tilu dewa (Trimurti) anu dianggap pangeran pangluhurna ceuk agama Hindu (Brahma, Wisnu, Syiwa), nurutkeun ajaran Jatisunda, perenahna sahandapeun sanghyang. Jadi, sanghyang minangka unsur kakawasaan anu pangluhurna. Sanghiyang nyiptakeun alam sagemblengna. Sanghiyang ngatur sakumna mahluk. Sacara mutlak Sanghiyang nyekel kakawasaan di jagat raya. Tempat dumuk Sanghiyang di Kahiyangan anu pernahna di luar alam dunya ieu. Kahiyangan teh alam anu suci, sepi, tur langgeng taya gangguan kahirupan dunya.

Asup ka alam Kahyangan katut hirup ngahiji sareng Hyang sabada nyawa ninggalkeun raga mangrupa panyileukan manusa, sabab nya di dinya nyampak kabagjaan abadi. Eta panyileukan bisa kahontal, upama manusa salila hirupna di alam dunya ngagungkeun tur nyembah Hiyang sarta loba nyieun kahadean ka sasama manusa, laku lampahna hade luyu jeung pancen hirupna.

Kasalametan jeung kabagjaan hirup di alam pawenangan (dunya) jeung di alam kalanggengan (aherat) gumantung kana ajen tapa hiji jalma anu dilakonan salila hirupna di alam dunya. Tapa teh nya eta garapan gawe nurutkeun kaahlian jeung pagawean masing-masing. Lamun tapana hade tur daria, kahirupan di dunya jeung di aheratna oge pinanggih kasalametan jeung kabagjaan. Tapi sabalikna, lamun tapana goreng, kahirupanana oge bakal tinemu jeung kacilakaan katut katunggaraan boh di dunya boh di aherat.

 

3.Basa, aksara, jeung sastra     

Salian ti naskah Sanghyang Siksa Kanda ng Karesian, naskah-naskah séjén ti jaman nu leuwih anyar salaku bukti kasusastran Sunda nu aya di Musieum Pusat Jakarta di antarana Carita Parahyangan, Carita Waruga Guru, jeung Carita Ratu Pakuan.

Saasupna pangaruh Jawa (Mataram Islam) dina abad ka-17, di masarakat Sunda tumuwuh bentuk wawacan nu ditulis dina aksara Cacarakan. Aksara Arab gé mimiti dipaké pikeun nulis basa Sunda.

Ku datangna bangsa Éropa, utamana dina munggaran abad ka-19, aksara Latin ogé mimiti dipiwanoh jeung dipaké. Beuki dieu, dina panungtungan abad ka-19, cara nulis nurutkeun ajén-inajén modérn mimiti dipaké ku Muhamad Musa: méré tanda baca dina tulisan Cacarakan jeung mimiti dipakéna aksara Latin.

Taun 1912, aturan nulis basa Sunda ku aksara Latin dijieun ku Ardiwinata spk. Percitakan ogé mimiti dipaké. Wujud sastra Kulon samodél roman jeung carpon ogé mimiti dipikawanoh. Kalawarta Sunda mimiti medal awal abad ka-20.

Roman Sunda munggaran dikarang ku Ardiwinata nu judulna Baruang ka nu Ngarora, dituturkeun ku Méméd Sastrahadiprawira, Yuhana, Moh. Ambri, jeung Margasulaksana (roman ditéktip Diarah Pati).

Kumpulan carpon munggaran ditulis ku G. S. (ngan dikenal sandiasmana wungkul) dina judul Dogdog Pangréwong (1930), dituturkeun ku M. A. Salmun, Rusman Sutiasumarga, Tini Kartini, RAF, Wahyu Wibisana, jsb.

Sajak bébas basa Sunda diluluguan ku Kis W. S..

Wangunan lakon teu pati ngembang dina basa Sunda, sabab aya gending karesmén nu leuwih dipikaresep.

Dina jaman méméh perang, buku-buku sastra Sunda lolobana wedalan Balé Pustaka, Jakarta. Sanggeus perang, karya sastra Sunda leuwih loba nu medal ti pamedal-pamedal swasta.

    Ayatrohaédi. 2003. Nganjang ka kalanggengan: agama orang Sunda pra-Islam menurut naskah. Sundalana I: 139-155. Pusat Studi Sunda, Bandung

Tinggalkeun pairan »

Prof. Ganjar Kurnia dalam Top 100 Educators

Prof Ganjar

Prof Ganjar

Sekali lagi, majalah CampusAsia membuat peringkat berkaitan dengan penyelenggaraan pendidikan di tingkat perguruan tinggi. Kali ini, CampusAsia edisi November-Desember 2008, mengangkat Top 100 Educators, Great Achievers from State Universities. Salah satu tokoh yang masuk peringkat tersebut adalah Rektor Unpad, Prof. Dr. Ir. Ganjar Kurnia, DEA, yang berada di urutan kelima, dengan perolehan score 86,7, setelah Rektor UI (88,3), ITB (88), UGM (88), dan ITS (87,3), di atas Rektor Unhas, USU, UIN, Unair, Unsyiah, Udayana, Unbraw, UPI, Unsri, UII, dan Undip.

Pada lead tulisan berjudul “State universities’ great achievers” itu, pada halaman 160, tercantum bahwa para Rektor PTN tersebut adalah tokoh yang menarik ‘academic wagons to global excellence‘. Dicantumkan pula bahwa kepemimpinan para Rektor itu juga seyogyanya diteladani oleh siapa pun.

Kriteria yang diterapkan CampusAsia dalam memberikan peringkat Top 100 Educators bagi para pendidik ini adalah:

  • cognitive recognition & imparting (score maksimal 15);
  • magnitude of achievement (score 10);
  • skills & talent development (score 10);
  • conduct, attitude & personality (score 15);
  • facilitation & empowering of learning (score 10);
  • international exposure (score 10);
  • social service & contribution (score 15);
  • role model & integrity in society (score 15).

Total score seluruh kriteria tersebut adalah 100.

Dari keseluruhan kriteria penilaian, score tertinggi yang diberikan kepada Prof. Ganjar Kurnia adalah untuk cognitive recognition & imparting (perolehan score 13,7); skills & talent development (9); international exposure (9); dan role model & integrity in society (14).

Apresiasi bagi Prof. Ganjar diberikan karena keunikan Unpad yang tidak hanya menjadi pusat pengetahuan dan keilmuan. Sejak berdiri pada tahun 1957, Unpad yang berada di kota Bandung, juga menjadi sebuah pusat kebudayaan.

Seperti dikutip dari CampusAsia (hlm.161), Prof. Ganjar menyampaikan bahwa para pendiri Unpad sebelumnya berkeinginan menjadikan Unpad sebagai pusat kebudayaan, seperti keraton di Jawa, atau banjar di Bali, dan nagari di Minang. Itulah sebabnya Unpad selama bertahun-tahun memberikan perhatian yang serius untuk menggali dan mengembangkan kebudayaan Sunda. “Unpad has even become a trend-setter in terms of cultural activities,” ujar Prof. Ganjar

Beberapa hal lain yang menarik perhatian penilai adalah bahwa Prof. Ganjar memiliki banyak program yang salah satunya meningkatkan kualitas sumber daya manusia dengan mendorong staf pengajar untuk melanjutkan studi ke jenjang pascasarjana. Universitas juga mendorong para peneliti untuk mempublikasikan karyanya di berbagai jurnal nasional dan internasional. Selain itu, kualitas penelitian juga ditingkatkan dengan menyediakan subsidi bagi para peneliti, yang diintegrasikan dengan program pascasarjana, dan dikaitkan dengan pusat-pusat penelitian di Indonesia.

Apresiasi yang diberikan kepada Top 100 Educators tersebut dikelola oleh majalah CampusAsia, Jakarta, dengan juri dari pihak CampusAsia sendiri, lembaga independen di bidang pendidikan, dan Dikti.

Tinggalkeun pairan »

Carita Purnawijaya

Carita Purnawijaya mangrupakeun hiji karya sastra Sunda Kuna nu nyaritakeun lalamapahan Purnawijaya ka naraka.

 

Eusi

Ieu naskah nyaritakeun lalampahan Purnawijaya, hiji yaksa atawa buta, ka naraka. Purnawijaya diwurukan ku Sang Déwa Utama ngeunaan balukar laku lampah jahat. Sanggeus kitu Purnawijaya diajak nempo naraka sahingga nyaho siksa nu karandapan ku manusa nu loba dosa.

 

Naskah

Naskah Carita Purnawijaya nu disimpen di Perpusnas téh aya dua (koropak 413 jeung 423), migunakeun aksara Sunda jeung basa Sunda Kuna nu diukir dina daun palem, dijieun kira abad ka-17. Naskah dina koropak 413 aya 39 lambar daun nipah ukuran 14 x 2 cm, sedengkeun nu dina koropak 423 aya 35 lambar dina ukuran nu leuwih gedé, 30 x 3,5 cm. Najan umurna leuwih kolot, naskah dina koropak 413 kaayaanana leuwih alus batan nu dina koropak 423.

 

C.M. Pleyte nyebutkeun yén naskah koropak 413 ditulis ku salah saurang murid Kyai Raga, tua kabuyutan di Gunung Sri Manganti (Cikuray), Garut.

 

Conto Eusi Naskah

 

manggihkeun bumi patala

si dona désa ma (?)

murub muncar pakatonan

dipareuman hanteu meunang

dorana leuwih sadeupa

jalanna sadeupa sisih

jalan kakurung ku lembur

lembur kakuning ku jalan

pantona kowari beusi

dipeundeutan ku tambaga

dilorongan ku salaka

kuncina heunteung homas

………………………….

 

ditanjuran ku handong bang

katomas deung panéjaan

waduri kembang jayanti

sekar siratu bancana

eukeur meujeuh branang siang

dihauran kembang ura

dija… kembang pupolodi

didupaan ruruhuman

dadi wangi haseup dupa

mrebuk aruhum

………………………….

 

Pieun leuwih jentre mangga tingali:

·         Carita Purnawijaya, Wikipédia édisi basa Indonésia per 1 Méi 2007.

·         W. van der Molen, 1983, Javaanse tekstkritiek, Leiden:KITLV. VKI 102

·         J. Noorduyn and A. Teeuw, 2006, Three Old Sundanese poems, Leiden: KITLV. Bibliotheca Indonesia 29

·         C.M. Pleyte, 1914, ‘Poernawidjaja’s hellevaart, of de volledige verlossing.Vierde bijdrage tot de kennis van het oude Soenda.’ Tijdschrift Bataviaasch Genootschap 56:365-441.

Pairan (1) »

Sanghyang Siksa Kanda ng Karesyan

Sanghyang Siksa Kanda ng Karesyan mangrupakeun hiji pustaka Sunda nu ku sawatara ahli digolongkeun kana pustaka énsiklopédik nu ditulis taun 1440 Saka (1518 M) dina basa Sunda.

 

Naskah

Sanghyang Siksa Kanda ng Karesyan kapanggih salaku naskah nu ditulis dina daun nipah maké pangot (koléksi Perpustakaan Nasional nomer invéntaris Kr. 630).

 

Eusi

Eusi Sanghyang siksa kanda ng karesyan ngawengku dua bagian. Nu kahiji disebut Dasakreta salaku “kundangeun urang réa” (ajaran ahlak jeung pancén unggal jalma), sedengkeun nu kadua disebut Darma pitutur nu eusina hal-hal ngeunaan pangaweruh nu sawadina dipimilik ku unggal jalma sangkan hirupna mawa guna di dunya.

Najan pustaka ieu nyebut manéh “karesyan”, eusina mah teu ukur ngeunaan kahirupan kaom agamawan, malah loba nu patali jeung kaparigelan hirup nurutkeun ajaran darma.

 

Élmu pangaweruh

Bagian nu patali jeung élmu pangaweruh aya dina darma pitutur, sakumaha kaunggel dina “panganteur” di handap,

“kitu kéh urang janma ini. lamun dék nyaho di puhun suka lawan enak ma ingetkeun saur sang darma pitutur… kalinganya, kita jarangg dék ceta, ulah salah geusan nanya…”

Panganteur ieu lajeng diteruskeun ku medar rupa-rupa pangaweruh: kahirupan tutuwuhan, sasatoan, carita, tembang, kaulinan, carita pantun, lukisan, ukiran, panday, kaén, papasakan, agama, perang jeung siasat perang, jangjawokan, jampé, palintangan, nagara, jsb.

Pustaka ieu nyebutkeun yén di wilayah karajaan Sunda dina mangsa harita geus mikawanoh rupa-rupa basa: ayana kasab jurubasa darmamurcaya sarta disebutkeunana basa-basa deungeun kayaning Cina, Keling, Parsi, Mesir, Samudra, Makasar, Pahang, Kalantan, Maluku, Jawa, Campa, jsb.

 

Kasenian

Najan masarakat Sunda umumna bisa dianggap salaku masarakat huma, ceuk SSKK mah kahirupan karohanian jeung kabudayaan mah tetep tumuwuh: ayana kahirupan karaton, mandala atawa désa, atawa gabungan ti dua éta.

Karya sastra nu disebutkeun dina SSKK némbongkeun ayana pangaruh sastra Jawa jeung India. Nu dianggap pituin Sunda mah nyaéta tradisi lisan carita pantun, kawih, jeung kaulinan barudak nu tumuwuh di masarakat.

 

 

Pikeun leuwih jentre mangga baca:

Ayatrohaédi & Sri Saadah. 1995. Jatiniskala: kehidupan kerohanian masyarakat Sunda sebelum Islam. Proyek Pengkajian dan Pembinaan Nilai-nilai Budaya Pusat, Direktorat Sejarah dan Nilai Tradisional, Direktorat Jenderal Kebudayaan, Departemen Pedidikan dan Kebudayaan, Jakarta.

Tinggalkeun pairan »