Arsip pikeun Pébruari 28, 2009

DU’A KOLOT

Balas tadi beurang cape meureun. Saenggeus sholat isya teh manehna langsung ngageldeag dina kasur. Bajuna ge teu diganti-ganti acan. Dikampret jeung disasarung keneh.

“Engke janari hudangkeun, isuk sugan kaduga rek puasa.” pokna nalika tamat wiridan, samemeh muru kamar.

Tadi beurang, di Aula teh loba pisan jalma. Mun diitung aya meureun kana lima ratus urangna mah. Boa leuwih. Da ningan dilantey dua oge katempona meni pasesedek. Nu daratang teh bajuna teu weleh rarapih tur parantes pisan dangdanana, buhan kabehna jalna nu kungsi keuna ku atikan wungkul.

Teu kabayang tianggalna, bakal kieu.

Kang Kudus mah jalma biasa, urang kampung bau lisung. Urang Cimindi, Cigugur. Tujuh obor kadalapan pareum teh lain bohong. Lemburna nyingcet pisan, jauh kamana mendi. Sakurilingna ditalikung gunung nu can ka jamah.

Sakola SD-na di Cantilan, bangunana teu jauh beda ti kandang sapi. Dingdingna ku bilik jeung bahbir, alasna ku taneuh keneh jeung deuih suhunana ku hateup nu geus carang. Atuh mun pareng hujan teh baju jeung buku baraseuh.

Ka sakola tara disaragam, saayana wae baju paranti ulin. Tara-tara acan diapatu, nyeker. Bororaah disapatu ketang, apan sendal oge teu kabeuli, keur mah deuih can aya. Da nu aya sapatu mah kakara di kota kabupaten, di Ciamis.

Mun pareng istirahat, sok kanjat bisa kaselang ku ngarojay sagala di walungan lebakeun sakola. Di walungan Jurago.

Diaruculan baju teh, ditareundeun dina batu, brus aranclub kana cai. Teuleum cingkucubuk paheula-heula nepi ka peuntas.

Caina herang pisan. Matak resep nu nempo, seger nu ngojay. Buhan cai ti gunung, ti Pamanggon, leuweung geledegan nu kacida dipikasieun ku masarakat di dinya jadi we taya nu wani jarambah nuaran tatangkalan. Harianeun kitu ketang apan ngala suluh ge teu waranieun ka Pamanggon mah. Cenah angker loba pisan dedemitna.

Resep ngojay teh, jeung babaturan heureuy silih oconana. Silih simbeuh, balap ngojay, palila-lila teuleum, pawani-wani ngajleng tina batu kana cai. Malahan sok tara euleum-euleum paluhur-luhur tempat pangajlengan. Mun ngajleng teh sok bari garumasep cing juralit. Nalika kadenge loceng nandakeun kudu abus ka kelas, buru-buru riweuh dibaraju tuluy lalumputan muru kelas. Teu paduli sanajan buuk masih karucimis oge.

Tamat ti SD nuluykeun ka SMP Cigugur kalayan kudu leumpang heula kurang leuwih dalapan welas kilo, apan tempatna di Kacamatan. Sakola teh teu burung bari babatu nulungan ekonomi kolot. Sabisa-bisa. Sanajan teu sabaraha, tapi lumayan tina hasil buburuh milu malen, ngajualan suluh, ngajualan pakis meunang asru-asrukan ngala ti leuweung atawa tina ladang ngabedeug buburuh macul jeung ngarit.

Ari mimiti panggih jeung kuring mah nalika sakola di SMA 1 Ciamis. Sanajan teu sakelas tapi nyaho da pada-pada aktip dina kagiatan pramuka. Keur kelas tilu kakara sakelas teh, bangkuna oge tukangeun kuring pisan apan. Manehna kasohor jalma pinte jeung cerdas, tapi eraan jeung cicingeun pisan. Atuh mun pareng nanyakeun tugas atawa rek diskusi masalah pelajaran nu ditepikeun guru kapaksa kudu kuring nu malikeun korsi ka tukang.

Cicingna teh di asrama sakola, di Maleber. Nampeu pisan jeung imah kuring, buhan ngan kahalangan ku walungan Cileueur.

Ka beh dieukeunna, manehna jadi akrab. Ngomongna oge teu eraan jeung mangmang cara baheula. Mindeng pisan ngobrol jeung diskusi teh, boh ngunaan pelajaran atawa kahirupan sapopoe. Cenah manehna bebelaan nuluykeun sakola teh ngan saukur hayang ngudag cita-cita jadi guru sangkan bisa ngabagjakeun kolotna.

Buhan meureun jeung babaturan deukeut, bruk brak pisan nyaritana teh. Komo deui mun pareng ngobrolkeun masalah keluargana. Sakapeung mah manehna oge sok menta solusi atawa pertimbangan sagala ka kuring teh, mun ana boga masalah.

Ngobrolna tara jauh tina masalah kaayaan kolotna di kampung nu mereut kesang pikeun nakonan kahirupan kulawargana jeung nu teu weleh ngadu’akeun aak-anakna sangkan sarukses, atawa ngobrolkeun adi-adina, Agus jeung Lia nu keur lucu-lucuna cenah. Nu teu weleh dipkasono. Katempo pisan kanyaahna teh ka kulawarga, utamana ka adina. Eta wae, lamun mulang ka kampung teh geus pasti mawa oleh-oleh, peikeun boro-boroeun adina.

Dina palebah kituna mah kuring ge salut pisan. Jadi pantes wae rek loba jalama nu mika resep jeung mika reueus oge. Beda jeung kuring atawa babaturan nu lianna. Kang Kudus mah sakola teh ladang kesang sorangan, teu nampan ka kolot. Biaya sakola teh estuing tina ladang buburuh ngajualan koran jeung nungguan toko kelontongan. Malah buruh gawena oge sok ngahaja disisihkeun sawareh jang ngirim ka kolotna.

Teu burung nepi ka lulus SMA teh. Manehna meunang beasiswa ti salah sahiji surat kabar tenar pikeun nuluykeun kuliah ka paguron luhur.

Nalika acara paturay tineung di sakola, kolotna teu bisa datang cenah jalaran teu boga waragad jang inditna. Ngan ukur ngirim surat wungkul.

“Bapa teu bisa datang jeung teu bisa mekelan pikeun nuluykeun. Ngan bisa mekelan du’a wungkul. Teu weleh bapa mah ngadu’akeun Ujang beurang peuting, sok sanajan keur di sawah, di kebon herianeun di masjid tamat sholat. Sangkan Ujang jadi sukses, sakabeh cita-cita Ujang tinekan, tur engkena bisa ngajait adi-adi. Peupeuriheun bapa kieu…” Eusina, basa si surat teh di tempokeun ka kuring.

Keur kuliah, Kang Kudus milu gawe nghonor di SD Galuh, deukeut kampus. Lumayan cenah, sanajan gajihna teu gede tapi cukup pikeun nyocokan pangabutuh sapopoe mah.

Tingkat tilu, karasa aya nu beda. Aya rasa nu leuwih ti saukur babaturan antara kuring jeung Kang Kudus. Ngan kakara tingkat opat manehna wani ngedalkeun jeung wani nyuratan teh. Eta oge mimitina bangun nu hese jeung sieun pisan. Sieun teh teuing pedah kuring urang Ciamis kota jeung deuih budak pajabat. Sedeng manehna ngan budak buruh tani, urang kampung jeung teu boga nanaon. Minder meureun kituna mah.

Tamat kuliah , teu kungsi lila langsung diangkat jadi asisten dosen. Harita nu diangkat teh ngan tiluan, kuring Kang Asep jeung saurang deui teh Ridwan. Jigana ti barang kuliah teh kuring tiluan geus dicirian meureun ku pajabat instansi di dinya, da rarasaan mah meni babari, barang lulus teh langsung diangkat.

Nalika hubungan geus aya kana tilu taunna, bapa kuring apalaeun. Teuing tisaha. Diintrogasi teh diimah bebeakan pisan ku Apah

“Si Kudus teh saha?”

“Budak Saha?”

“Naon gawe kolotna?…”

Mangurpa-rupa patalekan datang ti Apah. Kuring ngan ukur bisa repeh, kemba, teu wani ngomong jeung nyarita. Sabab memang teu pati apal kaayan Kang Kudus nu sabenerna. Sok sanajan manehna mindeng nyarita, tapi apan ngarana oge carita, teu apal nu sabenerna. Jeung apan Kang Asep mah di Ciamisna oge teu dulur teu batur. Estu nyorangan!

Nungtungna Apah nu datang ka Cimindi, ka imah kolotna Kang Kudus, pikeun maluruh nu sabenerna.

Sihoreng, naon nu salila ieu dicaritakeun manehna teh bener! Hirup kolotna teu leuwih ti ngan saukur buruh tani.

Ari Apah, sok sanajan boga pangaweruh di pamarentahan, tapi jalmana wijaksana. Teu nempo dunya jeung jawatan. Nu penting mah cenah Kang Kudus teh bageur, jujur jeung nyaah ka kuring. Nungtungna hubungan teh Alhamdulillah direstuan.

Barang kawin, cicing teh langsung di perumahan. Imah dinas, mangrupa pasilitas anu dibere ti intansi tempat gawe.

Hirup teh dina kaayan cukup, ceuk ukuran kuring mah. Buhan duanana pada-pada boga gajih sewang-sewangan. Kang Asep kungsi nyarita, yen sawareh tina manehna hayang dikirimkeun cenah jang bapa jeung ema di kampung, pikeun ngabiayaan adi-adina sakola. Nya kuring teh nyatujuan. Da gajih duaan teh memang geus leuwih ti cukup.

Sanggeus genep bulan imah-imahan, aya bapa – mitoha lalaki – datang ka nganteurkeun Agus nu hayang sakola di Ciamis.

“Neng, bapa mah nitip Agus, putra bapa, adina Kudus. Rek beureumna rek hideungna kumaha Eneng. Bapa mah nampi” ceuk mitoha basa pareng rek mulang, malah diburuan-buran acan ngobrolna teh. “Ngan hampurana bapa teu bisa males budi ku nanaon. Ngan bisa ngadu’akeun, mudah-mudahan Eneng jeung Kudus sing hirup bagja boh di dunya boh di ahaerat.”

Kang Kudus teh harita ngahaja ku kuring dititah nganteurkeun bapa ka Cimindi. Sabab melang, keur gering. Tapi keukeuh peuteukeuh bapa teh nolak, sieun ngariweuhkeun cenah.

Heuleut dua bulan, bapa gering katutuluyan nepika ngantunkeunna. Teu nyangka ningan harita teh panungtungna bapa ngalongok kuring jeung Kang Kudus.

Bangun nu baluweng jeung prustasi pisan, Kang Kudus di tinggalekun bapa.

“Teh, teu kunanaon mun Lia diajak deui kuurang ka Ciamis?, karunya ka ema mun didieu mah, ngurus Lia ku sorangan” ceuk Kang Asep, basa tamat tahlilan ka tujuhna. Kituna mah ngarasa boga tanggung jawab salaku budak panggedena meureun. Nu kudu bisa ngaganti sosok bapa.

“Mangga.” tembal teh langsung, da rarasaan hal nu kitu mah moal kungsi dipikiran deui. Malah ceuk ingetan mah sanajan Kang Asep teu ngobrol heula ge, kuring geus surti jeung panuju.

Nungtungna adi teh ayeuna mah duanana di Ciamis. Diurus jeung disakolakeun. Balageur pisan, bangun nu surti kana kaayaan lanceuk-lanceukna. Komo Agus, buhan geus di SGA meureun. Tara pisan ngariweuhkeun jeung barang penta nu aneh, ilaharna budak sapantaran kitu nu keur loba kahayang. Sanajan kitu tapi kuring teh ngarti dina hatena mah aya kahayang anu dibendung tur teu wani ngedalkeun, sieun lanceuk kuma onam. Antukna kuring badami jeung Kang Kudus, mangnyicilkeun motor keur Agus. Atoheun pisan pas dipangmeulikeun teh. Alhamdulillah da ningan rizki mah aya we sapoe-sapoena teh, buhan geus diatur ku Anjeuna jang maranehna. Hate teh ikhlas pisan ngurus maranehna, lain pedah katalikung ku kawajiban. Tapi bener-bener ikhlas pisan.

Inget ceuk emih, Indung kuring. Cenah malaikat rohmat mah datangna unggal isuk isuk. Jadi ungal isuk-isuk teh, kuring mah boga kabiasaan sorangan. Rarasaan mah tara aya nu kaliwat, sok sanajan aya meureun eta oge hiji dua kalina heunteu. Unggal janari hudang teh ngahaja pangheulana tuluy gura-giru mukakeun jandela jeung panto bari hate ngadu’a : Ya Allah tangtayungan sadaya jalmi nu cicing diieu bumi.

Opat taun ti harita Kang Kudus meunang basiswa nuluykeun kuliah ka luar nagri. Ampir pisan eta beasiswa teh ditolak. Alesanna mah ngan teu sapira, teu tega cenah mun kudu ninggalkeun pamajikan, adi-adi jeung barudak nu masih keneh balita, nu keur meumeujeuhna butuh kanyaah kolot. Lain ngan kanyaah indung tapi bapa deuih.

“Bae Kang, tong jadi pikiran. Euceu, Lia jeung barudak mah tanggung jawab abdi. Jung wae nyuprih elmu sing jongjon. Ulah hariwang. Da eta teh engkena lain ngan saukur pikeun kahirupan akang wungkul, tapi kahirupan Euceu, alo-alo jeung kuring duaan salaku adi akang. Meumpeung aya kasempetan.” Ceuk Agus tandes mere kaputusan nu wijaksana.

Sanggeus kitu Kang Kudus teh teu burung indit, sanajan hate mah keukeuh teu tega, beurat ninggalkeun kulawarga.

Teu lila, ngan ukur tilu taun kuliahna teh geus rengse. Mulang teh kalayan meunang gelar doktor.

Tah eta sajarah kahirupan Kang Kudus. Nu sok mindeng dicaritakeun ka barudak, dijieun dongeng pangjajap sare. Ningan tadi beurang oge, nalika acara pengukuhan guru besar sawarehna kabacakeun ku Dekan.

Tadi, kemis tanggal 23 Oktober Kang Kudus dikukuhkeun jadi Guru Besar, jadi profesor. Hiji kalungguhan nu diimpikeun ku unggal dosen. Ayeuna geus kahontal ku manehna. Tamat pangukuhan teh tadi ningan make diarak-arak sagala ku mahasiswana ngurilingan kampus ditaekkun kana sisingaan.

Kang Kudus mah jalama bageur, tara wani nyusahkeun kolot. Tara elat ngabelaan kolot, sok sanajan manehna sorangan keur susah. Tadi ogenan, satamatna acara di kampus, sanajan riweuh loba jelema nu datang ka imah. Ngahaja manehna ngaluangkeun waktu embung diganggu nyekar ka makam bapa jeung ema.

Mun diibaratkeun tatani, ayeuna teh hirup Kang Kudus mah keuw tatanen. Saha nu teu ngarasa bagja nempo adi-adi geus sarukses. Agus geus boga usaha sorangan, Lia nyepeng gawe di intansi pamarentahan. Aya rasa bungah nu beda dina hate teh, nempo maranehna geus garawe, imah-imahan tur boga banda sewang-sewangan jeung kahirupan nu cukup. Eta teh kabeh taya lian jasana Kang Kudus, nu dirojong ku du’a kolot. Kitu deui ninngan nempo budak sorangan. Sok sanajan maranehna can rarumahtangga tapi geus boga panghasilan mandiri, geus carekel gawe.

Kang ningan Alhamdulillah sakabeh cita-cita akang teh tinekan. Adi-adi geus sarukses, cita-cita jadi guru kahontal, malah lain ngan saukur guru tapi jadi guru besar! Ieu meureun nu disebut anugrah ti Gusti Nu Maha Suci pikeun jalma nu babakti ka kolot teh.

Pantes anjeun ayeuna rek sare tibra oge, tenang tur taya pisan beban. Du’a kolot teh ningan salawasna nyengcelak, hurung nyaangan. Mere cahya jeung katengtreman dina sagala urusan. Mudah-mudahan kien salawasna, lain ngan ukur di dunya wungkul urang teh meunang ka bagjaan, tapi deuih di aherat. Amin.

Gunung galuh, Oktober 2008

Dimuat dina Mangle, Edisi Minggu ka II Februari 2009

Pairan (6) »