Arsip pikeun Juni 9, 2009

“Prihatin téh Nimat” : Biografi Prof. Dr. H. Endang Sumantri, M.Ed

Prof. Dr. H. Endang Sumantri, M.Ed

Prof. Dr. H. Endang Sumantri, M.Ed

Hirup téh henteu salawasna kudu jadi patani baé. Aya jalan séjén pikeun lumampah di alam pawenangan. Éta anu jadi pangjurung laku Prof. Dr. Endang Sumantri, M.Ed dina milampah udagan hirupna.

Lamun téa mah baheula ngandelkeun warisan kolot, sawah anu teu sabaraha legana, tuluy jadi patani, pastina ogé hirup téh bakal monoton. Ulukutek di dinya, ngahasilkeun mobilitas horizontal,” ceuk Endang basa ditepungan ku Cahara di kantorna.

Lahir 15 Juli 68 taun ka tukang, ieu juru atik kahot téh pituin urang Karang Gedang, Kabupatén Ciamis. Anak bungsu ti H. Nawawi jeung Sutinah, kulawarga patani biasa. Ti leuleutik geus dipuuk ku kaperih-kaprihatin. Komo basa nincak umur salapan taun, Endang geus jadi yatim piatu, sarta kudu cicing di imah emangna. Sanajan kitu, éta kaayaan téh henteu ngareuntaskeun sumangetna pikeun terus sakola. Buktina, sabada lulus ti SR 2 Ciamis, Endang neruskeun ka SGB I Ciamis, nepi ka jununna.

Lulus ti SGB taun 1957, Endang narima Surat Kaputusan jadi Guru SR. Ditempatkeun di SR Cibedug, anu jarakna kurang leuwih lima Km ti Ciawi, Bogor. Ari gajihna anu munggaran, teu kurang teu leuwih: Rp.150,-.

Jaman harita, di urang keur meujeuhna harénghéng. Malum atuh jaman goromboloan. Mangkaning daérah Cibedug harita, katotol sayangna gorombolona. “Masih kénéh kabayang, lamun rék indit ka sakola téh kudu nékad, nyieuhkeun kahariwang jeung kasieun,” pokna. “Anu matak pikeun jaga-jaga, Bapa asup ka paguron silat Cimandé,” ceuk ieu bapa ti lima anak jeung aki ti 11 incu téh.

Lantaran gorombolan di daérah Cibedug beuki mahabu, dununganana ngarasa prihatin, Endang dipindahkeun tugasna ka Kantor Inspektorat Kacamatan Ciawi. Nya di dinya Endang mimiti diajar ngurus masalah manajemen dina dunya atikan jeung kaorganisasian téh, anu engkéna baris ngagedékeun ngaranna. Jaba ti ngajalankeun kawajibanana, Endang ogé bari nuluykeun sakola di SGA Bogor deuih.

Sétan Gedor

Henteu pugag nepi ka dinya. Taun 1963 Endang neruskeun kuliah ka IKIP Bandung, anu saméméhna PTPG, Jurusan Civic Hukum. Endang kaasup mahasiswa entragan munggaran IKIP Bandung. Salila jadi mahasiswa, Endang kaasup mahasiswa anu aktif di sawatara organisasi. Di antarana baé Himpunan Mahasiswa Islam (HMI), Kesatuan Aksi Mahasiswa Indonésia (KAMI). Kungsi jadi Ketua Mahasiswa Umum (KMU) Fakultas Keguruan dan Ilmu Sosial (FKIS), Ketua Bidang Organisasi Dewan Mahasiswa I BEM Universitas. Malah ku aktif-aktifna dina organisasi, ti dosén jeung babaturanana Endang meunang jujuluk “Sétan Gedor”. Ari sababna, Endang mindeng idek-liher di Gedung Olahraga (Gedor), anu harita mah mangrupa puseur kagiatan mahasiswa. “Lamun ditanya, naon alesanana Bapa loba aktif dina organisasi? Salian ti pikeun nambahan pangalaman téh, anu utamana mah, lamun aya kagiatan bisa meunang dahareun haratis,” pokna bari seuri, nyoréang pangalamanana ka tukang.

Prof. Dr. H. Endang Sumantri, M.Ed dan keluarga

Prof. Dr. H. Endang Sumantri, M.Ed dan keluarga

Bari kuliah, Endang ogé henteu poho kana kawajibanana, nya éta ngajar. Endang jadi guru SR Sukarasa 2 Gegerkalong Hilir. Lamun jadwal kuliah bantrok jeung jadwal ngajar, biasana sok silihtitipkeun kelas jeung babaturanana.

Sabada lulus Sarjana Muda, taun 1967, Endang diangkat jadi Asistén Dosén di almamaterna. Dua taun ti harita, 30 Agustus 1969, pruk baé ngadahup ka Dra. Énih Rohaénih, M.Pd., adi tingkatna waktu kuliah. Rumah tanggana kawilang lulus-banglus, runtut-raut tug nepi ka kiwari.

Sakitu taun malang-mulintang di IKIP Bandung, Endang meunang kasempetan tina Program Bank Dunia, pikeun nuluykeun kuliahna dina Program Pendidikan Luar Sekolah di University of Massachuset, Amérika Serikat. Lulus taun 1988 sarta meunang gelar Master of Education. Ti dinya, meunang deui beasiswa pikeun nuluykeun S3-na dina widang Moral of Education, masih kénéh di University of Massachuset.

Karir Endang beuki nyongcolang. Taun 1990 diangkat jadi Pembantu Réktor II IKIP Bandung. Dina taun 1998 Endang milu marajian gelarna Universitas Galuh, Ciamis, nu asalna mangrupa STKIP. Endang deuih anu jadi réktorna anu munggaran di Universitas Galuh, masa bakti 2002-2004. Kungsi nyangking kalungguhan Ketua Dewan Pendidikan Ciamis deuih, anu gédé jasana ngayakeun Program Pasca Sarjana Universitas Galuh.

Ceuk Endang, geus mangrupa takdir Illahi, inyana bisa hirup tina ladang dunya atikan. Sabab cenah, lamun ngandelkeun ti kolot mah taya harepkeuneunana. Tapi najan kitu, Endang percaya yén ku ayana rasa prihatin bisa nimbulkeun rasa hayang terus usaha.

Prihatin téh nimat, sabab optimisme lahir tina rasa prihatin,” pokna tandes.

Ayeuna Endang geus hasil ngahontal cita-citana jadi guru, bari némbongkeun préstasi mobilitas vertikal di kulawargana. Di antarana ku nyangking rupa-rupa kalungguhan anu teu éléh pentingna dina dunya atikan.

Lamun baheula henteu neruskeun sakola, meureun ayeuna téh moal jadi Ketua Senat Akademik, moal bisa ngalegaan sawah warisan deuih. Tapi meureun ayeuna téh keur macul ngurus sawah anu teu sabaraha legana, pungkasna bari seuri.* (Yatun)

dicopy tina Majalah Sunda Cahara Bumi Siliwangi Edisi II

Pairan (1) »

Rigig Bebegig Sukamantri, Poténsi Seni Tradisi ti Ciamis

Bebegig Sukamantri

Bebegig Sukamantri

Rigig bebegig, ih, ieu mah lain bebegig sawah. Bebegig ti Sukamantri, seni tradisi anu mimiti nguniang makalangan. Éta baé basa aya Kemilau Nusantara Jawa Barat, taun 2006, apan nyangking pinunjul kahiji. Wawakil ti Ciamis. Atuh basa milangkala Kabupatén Nagara, taun kamari, bebegig Sukamantri ngalaga di Pulo Déwata. Tapi geuning, naha disebut seni tradisi anu méh musna?

Bebegig Sukamantri, keur nu anyar nempo mah, moal teu matak hélok bin ahéng. Geura baé. Anu jadi bebegigna, jelema sawawa. Maké topéng. Lain maké meureun, leuwih pas disebut nyuhun. Da beuratna ogé leuwih ti 40 kilo, malah aya nu nepi ka 60 kilo cenah. Rupana, jleg baé beungeut wayang pangsisina: buta héjo, buta beureum, buta kawas, buta hideung, malah aya buta térong deuih. Maké makuta. Tapi buukna ku injuk, dipasieup ku daun waregu, bubuay, hahampaan, jeung kembang keretas. Awakna hideung injuk, da mémang dibulen injuk. Lebah bujur digagantélan ku kolotok munding. Sukuna maké génggé. Badis mahluk leuweung ti mana boa, tingrarigig dibarung ku sora kolotok jeung kélénéng génggé. Bisa meta dipirig ku musik naon baé. Lucu? Leuwih ti kitu. Malah aya sari-sari magis. Soal alami, éta mah geus pasti atuh.

Bebegig, seni tradisi ti Sukamantri. Beu, jauh tangéh atuh upama dibandingkeun jeung bebegig sawah mah. Bebegig Sukamantri ngeuyeuban hasanah seni tradisi Tatar Sunda, wedalan Kabupatén Ciamis, salian ti Ronggéng Gunung. Bisa jadi poténsi unggulan seni budaya Tatar Sunda. Éta ogé upama para patinggi seni budaya di urang henteu kagelo kabobodo ténjo ku hurung-hérangna papakéan jeung blaktuk. Apan dina enas-enasna mah kasenian rayat téh, kasenian anu napak dina alam tradisi masarakatna. Kitu apan Bebegig Sukamantri ogé. Lebar temen upama muguran lantaran henteu dipaliré ku nu dibendo téh.

Bebegig Sukamantri, lain seni tradisi anu lahir tina beulah batu. Ceuk ujaring sepuh, taun 1970-an, kokolot Désa Cempakalarang, Kacamatan Sukamantri, Kabupatén Ciamis ngaréka-cipta ieu kasenian. Mangrupa kasenian hélaran, anu ahirna jadi kasenian has daérah Sukamantri. Geus lir ari Agustusan mah, malah dina acara-acara pésta rayat lianna, Bebegig Sukamantri sok milu midang. Upamana baé dina acara “Nyiar Lumar” di Kawali, kawasna kurang afdol mun (nu kagungan pokal — Godi Suwarna) henteu ngabring-ngabring Bebegig Sukamantri téh, di sagigireun nanggap Ronggéng Gunung.

Bebegig Sukamantri

Bebegig Sukamantri

Ngamaénkeun bebegig, mémang mikabutuh tanaga anu tohaga. Pék baé émutan, nyuhun bebegig anu beuratna puluhan kilo bari awak dibulen ku kakaban injuk, éstu lain pagawéan méméh sasarap. Anu matak, salian ti siap tanaga téh, kudu asak latihan deuih. Aya émbohna, dibarung ku do’a-do’a husus. Do’a sangkan salamet enggoning mancén tugas nyunyuhun sakadang bebegig.

Panén Bebegig

Aya pangaruh positifna. Urang dinya kiwari jadi ahli nyieun rupaning topéng bebegig. Lain pikeun kapentingan seni bebegig baé ieu mah. Malah geus mimiti nyieunan supenir kawas topéng bebegig. Tinggal dikokolakeun kalawan daria, tina seni tradisi bisa jadi lahan ékonomi rahayat.

Ceuk pingpinan Bebegig Sukamantri, Nanan Andriana, kiwari bebegig bisa dipaké pikeun ngabanjel-banjel risiko dapur, najan can mayeng. Sual harga, gumantung kana aya jeung euweuhna bahan.

Harga topéngna wungkul tiasa dugi ka 400 rébu. Upami tos janten bebegig, tiasa dugi ka sajuta. Tapi bebegigna awét, tiasa tahan tilu-opat taun,” ceuk Nanan.

Hiji bebegig bisa réngsé saminggu, upama bahan-bahanna geus kumplit. Tapi lamun bahan-bahan alamina saperti injuk jeung bubuay can kumplit mah bisa nepi ka sabulan atawa dua bulan.

Tukang nyieun bebegig ogé aya mangsa “panénna”. Utamana mah dina mangsa nyanghareupan Agustusan jeung Milangkala Kabupatén Ciamis. Pikeun nyumponan kabutuh Milangkala Kabupatén Ciamis, upamana, para pengrajin bebegig kudu bisa nyieun nepi ka 400 bebegig.

Soal perhatian ti pamaréntah? Tah, ieu: “Dugi ka danget ieu teu acan perhatian anu daria ti pihak Disparbud. Anu mawi nu mikawanoh bebegig téh, mung sawates daérah asalna. Dina diéksposna ogé, paling tebih ka Bandung,” ceuk Nanan.

Bebegig Sukamantri, seni tradisi anu kakara nguniang, piraku diantep tiarap deui. Da poténsi mah, leuwih ti aya. (yatun)

Pairan (2) »

Guru Ngan Pikeun Jalma Cerdas jeung Boga Bakat (?)

Atun rada ja'im he hehe

Atun rada ja'im he hehe

Mairan masalah Undang-Undang Guru dan Dosen (UUGD). Mentri Pendidikan Nasional, Bambang Sudibyo, kungsi ngungkabkeun yén ku ayana UUGD, ka hareup mah profesi guru téh bakal ngondang jalma-jalma cerdas sarta boga bakat pikeun jadi guru. Nu jadi pertanyaan, naha kiwari guru di Indonésia téh lain jalma-jalma anu cerdas jeung ngabogaan bakat?

Luareun ti éta, hasil studi nu kungsi dilakukeun Bahrul Hidayat jeung Yahya Umar (1999) nyindekkeun yén pangaweruh guru kaayaanana pikahariwangeun. Hartina kamampuh guru bidang studi dina ngawasa materi pangajaran téh masih minim. Bahrul niténan niléy rata-rata nasional tés calon guru PNS di SD, SLTP, SLTA jeung SMK taun 1998/1999 pikeun widang studi matématika ngan 27,67 tina interval 0-100. Hartina ngan ngawasa 27,67% tina matéri nu samistina. Satuluyna, pikeun widang studi nu séjénna nya éta Fisika (27,35), Biologi (44,96), Kimia (43,55), jeung Basa Inggris (37,57). Niléy-niléy di luhur pastina ogé jauh tina wates idéal, nya éta minimum 75% pikeun hiji guru sangkan bisa ngatik jeung ngadidik muridna kalayan hadé. Hal nu leuwih matak prihatin, hasil panalungtikan ti Konsorsium Ilmu Pendidikan (2000) nuduhkeun yén 40% guru SMP jeung 33% guru SMA ngajar widang studi di luar kaahlianana. Bisa dibayangkeun upama guru widang studina ogé henteu ngawasa matéri, komo deui anu lain widang studina. Ku kamampuh pangaweruh nu kawatesan jeung kréativitas nu minimum tinangtu leuwih hésé pikeun guru nerapkeun pola pengajaran KTSP anu kiwari dijalankeun.

Ti pihak séjén, Guru Besar UPI Prof. Dr. H. Nanang Fattah, M.Pd, dina acara Seminar Pendidikan Nasional nu diayakeun ku Disdik Ciamis (2006) nyebutkeun sabagian gedé guru geus teu layak ngajar. Pikeun SD aya kana 49,3% atawa 605.217 guru anu teu layak ngajar, SMP 35,9% atawa 75.684 guru, SMA 32,9% atawa 75,684 guru jeung SMK 43,3 atawa 63.961 guru. Hartina, tina 2,7 juta guru 40,35% teu bisa ngatik jeung ngadidik nu bener. Lamun ieu bener-bener mangrupa kanyataan, jelas dunya atikan di Indonesia miboga masalah daria, nya éta ngaronjatkeun ajén-inajén guru.

Lobana guru anu teu layak ngajar, nimbulkeun patalékan, nepi ka mana tarékah paguron luhur bisa ngahasilkeun guru-guru anu miboga kualitas. Atawa bisa jadi ku lobana program pendidikan guru ngalantarankeun henteu kakontrolna kualitas lulusan calon guru? Pikeun ngajawab éta patalékan, aya alusna upama nempo mangsa ka tukang, mangsa lahirna para guru anu bisa disebutkeun kaseléksi sacara alami.

Ngan Nu Cerdas?

Dina éra ’60-’80-an profési guru jadi simbol masarakat nu maju pisan, intelék jeung terhormat. Ampir unggal kulawarga nu miduli kana atikan, miharep anakna sangkan jadi guru. Profési guru ogé jadi inceran kalolobaan masarakat anu ngabogaan budak cerdas.

Éta alesanana loba lulusan SD atawa SMP nu nuluykeun ka sakola guru saperti SGB, SGA, SPG, SGO jeung lianna. Tapi ngan budak-budak nu cerdas atawa ngabogaan réngking di kelasna anu wani abus ka sakola guru. Katambah deui harita mah para lulusan sakola guru téh geus pasti diangkat jadi guru, minimal di SD.

Jadi guru ogé mangrupa simbol suksésna kulawarga. Ari sababna, status guru di masarakat dipikaajrih, dipikahormat jeung dipikabutuh. Guru kaasup kana golongan ménak jeung cendikia. Guru lain ngan saukur dipikahormat masarakat tapi ogé jadi panutan muridna.

Ngan ti mimiti taun ’90-an sakola guru satingkat SPG dipupus, tuluy diganti ku Program PGSD (D-2). Minat kuliah program guru masih luhur sabab masih aya jaminan kapastian, para lulusan PGSD/MI/PGAI dijanjikeun bakal diangkat PNS. Tapi kanyataanana mah henteu kitu. Nasib lulusan PGSD/MI/PGAI loba nu nganggur atawa ngan boga status guru sukwan. Pamaréntah mikabutuh guru loba, tapi teu bisa ngangkat guru saluyu jeung nu dipikabutuh. Di sisi séjén, loba paguron luhur swasta anu muka program keguruan nepi ka daérah-daérah, malahan mah muka kelas jauh di kacamatan-kacamatan. Minat pikeun kuliah ieu program ogé henteu deui husus pikeun jalma nu ngarasa cerdas jeung ngabogaan bakat jadi guru. Sabangsaning budak ngora di daérah, lulusan SMA leuwih réa nu milih program guru di daérahna sorangan. Ieu sababna, anu matak asup ka FKIP swasta rélatif leuwih babari dibandingkeun jeung asup ka IKIP Negri nu kudu ngaliwatan jalur PMDK atawa SPMB. Katambah deui aya program UPI Cabang, UT, tuluy ayana program Akta IV pikeun lulusan umum – nu ayeuna mah geus dipupus – atuh beuki loba waé calon guru téh. Jaman kiwari ditambahan deui ku lobana prakték sukwan, jadi can lulus ogé geus ngalajar. Ieu hal téh umumna dilantarankeun ku lobana sakola nu kakurangan guru, salian ti boga anggapan ku lobana jam terbang sukwan, bakal boga peluang gedé pikeun lulus tésting CPNS atawa meunang perhatian pamaréntah.

Sacara kuantitatif mahasiswa jeung alumni program guru ngaleuwihan kamampuh pamaréntah pikeun ngangkat guru PNS, tapi sacara kualitatif hésé pisan pikeun diukur. Faktor kacerdasan mémang lain hiji-hijina kritéria guru idéal. Tapi aya faktor lain nu kudu dipikaboga saperti kapribadian, aspék sosial, kompeténsi profésional, kompeténsi pédagogik, jeung sajabana.

Kualifikasi jeung kompeténsi saperti kitu geus diamanatkeun ku UUGD, tapi nu jelas sabab guru ngabogaan tugas nyerdaskeun anak didikna, geus sawadina upama guru kudu cerdas jeung ngabogaan bakat ngatik katut ngadidik.

Nu jelas lahirna UUGD ngalantarankeun program keguruan jadi jurusan primadona. Minat jadi guru bakal beuki gedé. Ngan aya bahayana, upama paguron luhur ngan saukur ngajadikeun éta hal téh sawates asét pikeun “kamamuran” lembagana.

Geus tilu taun UUGD disahkeun ku pamaréntah. Naha UUGD ngadorong lahirna hiji sistem anyar seléksi calon guru nu ngabogaan kualitas? Atawa ngan sanggup ngadegkeun pabrik-pabrik guru jeung produk nu euweuh ajénna? Pikeun ngajawab éta hal, bisa diajén gumantung kana pamanggih séwang-séwangan.

Yatun R. Hasbullah

*Mahasiswi Jurusan Pendidikan Bahasa Daérah UPI, angkatan 2008

dicopy dari Majalah Sunda “Cahara Bumi Siliwangi” Edisi II

Tinggalkeun pairan »

Oleh-oleh dari Universitas Negeri Jogyakarta

Di Depan Gedung Rektorat UNY

Di Depan Gedung Rektorat UNY

Palang UNY

Palang UNY

Di tugu UNY

Di tugu UNY

Tadinya ingin bergaya seperti Big Bos saat dipoto di Depan Viila Isola, tapi apa hendak dikata, gayana teu kataekan he he he he

Tadinya ingin bergaya seperti Big Bos saat dipoto di Depan Viila Isola, tapi apa hendak dikata, gayana teu kataekan he he he he

depan gedung Fakultas Bahasa dan Seni UNY

depan gedung Fakultas Bahasa dan Seni UNY

depan gedung Fakultas Bahasa dan Seni UNY sama Pak Apan

depan gedung Fakultas Bahasa dan Seni UNY sama Pak Apan

Berjalan menuju D'Java

Berjalan menuju D'Java

Difoto ma Patung, padahal di depannya ada tulisan dilarang naik....he he he nekad.

Difoto ma Patung, padahal di depannya ada tulisan dilarang naik....he he he nekad.

Gara-gara tak ada yang mau motret, jadi motret olangan

Gara-gara tak ada yang mau motret, jadi motret olangan

Kakak Tingkat Jurusan Bahasa Sunda Angkatan 2005 UPI, di Prambanan

Kakak Tingkat Jurusan Bahasa Sunda Angkatan 2005 UPI, di Prambanan

Tinggalkeun pairan »