
Atun rada ja'im he hehe
Mairan masalah Undang-Undang Guru dan Dosen (UUGD). Mentri Pendidikan Nasional, Bambang Sudibyo, kungsi ngungkabkeun yén ku ayana UUGD, ka hareup mah profesi guru téh bakal ngondang jalma-jalma cerdas sarta boga bakat pikeun jadi guru. Nu jadi pertanyaan, naha kiwari guru di Indonésia téh lain jalma-jalma anu cerdas jeung ngabogaan bakat?
Luareun ti éta, hasil studi nu kungsi dilakukeun Bahrul Hidayat jeung Yahya Umar (1999) nyindekkeun yén pangaweruh guru kaayaanana pikahariwangeun. Hartina kamampuh guru bidang studi dina ngawasa materi pangajaran téh masih minim. Bahrul niténan niléy rata-rata nasional tés calon guru PNS di SD, SLTP, SLTA jeung SMK taun 1998/1999 pikeun widang studi matématika ngan 27,67 tina interval 0-100. Hartina ngan ngawasa 27,67% tina matéri nu samistina. Satuluyna, pikeun widang studi nu séjénna nya éta Fisika (27,35), Biologi (44,96), Kimia (43,55), jeung Basa Inggris (37,57). Niléy-niléy di luhur pastina ogé jauh tina wates idéal, nya éta minimum 75% pikeun hiji guru sangkan bisa ngatik jeung ngadidik muridna kalayan hadé. Hal nu leuwih matak prihatin, hasil panalungtikan ti Konsorsium Ilmu Pendidikan (2000) nuduhkeun yén 40% guru SMP jeung 33% guru SMA ngajar widang studi di luar kaahlianana. Bisa dibayangkeun upama guru widang studina ogé henteu ngawasa matéri, komo deui anu lain widang studina. Ku kamampuh pangaweruh nu kawatesan jeung kréativitas nu minimum tinangtu leuwih hésé pikeun guru nerapkeun pola pengajaran KTSP anu kiwari dijalankeun.
Ti pihak séjén, Guru Besar UPI Prof. Dr. H. Nanang Fattah, M.Pd, dina acara Seminar Pendidikan Nasional nu diayakeun ku Disdik Ciamis (2006) nyebutkeun sabagian gedé guru geus teu layak ngajar. Pikeun SD aya kana 49,3% atawa 605.217 guru anu teu layak ngajar, SMP 35,9% atawa 75.684 guru, SMA 32,9% atawa 75,684 guru jeung SMK 43,3 atawa 63.961 guru. Hartina, tina 2,7 juta guru 40,35% teu bisa ngatik jeung ngadidik nu bener. Lamun ieu bener-bener mangrupa kanyataan, jelas dunya atikan di Indonesia miboga masalah daria, nya éta ngaronjatkeun ajén-inajén guru.
Lobana guru anu teu layak ngajar, nimbulkeun patalékan, nepi ka mana tarékah paguron luhur bisa ngahasilkeun guru-guru anu miboga kualitas. Atawa bisa jadi ku lobana program pendidikan guru ngalantarankeun henteu kakontrolna kualitas lulusan calon guru? Pikeun ngajawab éta patalékan, aya alusna upama nempo mangsa ka tukang, mangsa lahirna para guru anu bisa disebutkeun kaseléksi sacara alami.
Ngan Nu Cerdas?
Dina éra ’60-’80-an profési guru jadi simbol masarakat nu maju pisan, intelék jeung terhormat. Ampir unggal kulawarga nu miduli kana atikan, miharep anakna sangkan jadi guru. Profési guru ogé jadi inceran kalolobaan masarakat anu ngabogaan budak cerdas.
Éta alesanana loba lulusan SD atawa SMP nu nuluykeun ka sakola guru saperti SGB, SGA, SPG, SGO jeung lianna. Tapi ngan budak-budak nu cerdas atawa ngabogaan réngking di kelasna anu wani abus ka sakola guru. Katambah deui harita mah para lulusan sakola guru téh geus pasti diangkat jadi guru, minimal di SD.
Jadi guru ogé mangrupa simbol suksésna kulawarga. Ari sababna, status guru di masarakat dipikaajrih, dipikahormat jeung dipikabutuh. Guru kaasup kana golongan ménak jeung cendikia. Guru lain ngan saukur dipikahormat masarakat tapi ogé jadi panutan muridna.
Ngan ti mimiti taun ’90-an sakola guru satingkat SPG dipupus, tuluy diganti ku Program PGSD (D-2). Minat kuliah program guru masih luhur sabab masih aya jaminan kapastian, para lulusan PGSD/MI/PGAI dijanjikeun bakal diangkat PNS. Tapi kanyataanana mah henteu kitu. Nasib lulusan PGSD/MI/PGAI loba nu nganggur atawa ngan boga status guru sukwan. Pamaréntah mikabutuh guru loba, tapi teu bisa ngangkat guru saluyu jeung nu dipikabutuh. Di sisi séjén, loba paguron luhur swasta anu muka program keguruan nepi ka daérah-daérah, malahan mah muka kelas jauh di kacamatan-kacamatan. Minat pikeun kuliah ieu program ogé henteu deui husus pikeun jalma nu ngarasa cerdas jeung ngabogaan bakat jadi guru. Sabangsaning budak ngora di daérah, lulusan SMA leuwih réa nu milih program guru di daérahna sorangan. Ieu sababna, anu matak asup ka FKIP swasta rélatif leuwih babari dibandingkeun jeung asup ka IKIP Negri nu kudu ngaliwatan jalur PMDK atawa SPMB. Katambah deui aya program UPI Cabang, UT, tuluy ayana program Akta IV pikeun lulusan umum – nu ayeuna mah geus dipupus – atuh beuki loba waé calon guru téh. Jaman kiwari ditambahan deui ku lobana prakték sukwan, jadi can lulus ogé geus ngalajar. Ieu hal téh umumna dilantarankeun ku lobana sakola nu kakurangan guru, salian ti boga anggapan ku lobana jam terbang sukwan, bakal boga peluang gedé pikeun lulus tésting CPNS atawa meunang perhatian pamaréntah.
Sacara kuantitatif mahasiswa jeung alumni program guru ngaleuwihan kamampuh pamaréntah pikeun ngangkat guru PNS, tapi sacara kualitatif hésé pisan pikeun diukur. Faktor kacerdasan mémang lain hiji-hijina kritéria guru idéal. Tapi aya faktor lain nu kudu dipikaboga saperti kapribadian, aspék sosial, kompeténsi profésional, kompeténsi pédagogik, jeung sajabana.
Kualifikasi jeung kompeténsi saperti kitu geus diamanatkeun ku UUGD, tapi nu jelas sabab guru ngabogaan tugas nyerdaskeun anak didikna, geus sawadina upama guru kudu cerdas jeung ngabogaan bakat ngatik katut ngadidik.
Nu jelas lahirna UUGD ngalantarankeun program keguruan jadi jurusan primadona. Minat jadi guru bakal beuki gedé. Ngan aya bahayana, upama paguron luhur ngan saukur ngajadikeun éta hal téh sawates asét pikeun “kama’muran” lembagana.
Geus tilu taun UUGD disahkeun ku pamaréntah. Naha UUGD ngadorong lahirna hiji sistem anyar seléksi calon guru nu ngabogaan kualitas? Atawa ngan sanggup ngadegkeun pabrik-pabrik guru jeung produk nu euweuh ajénna? Pikeun ngajawab éta hal, bisa diajén gumantung kana pamanggih séwang-séwangan.
Yatun R. Hasbullah
*Mahasiswi Jurusan Pendidikan Bahasa Daérah UPI, angkatan 2008
dicopy dari Majalah Sunda “Cahara Bumi Siliwangi” Edisi II
