Meunang perlop ti kantor téh dua minggu. Ngahaja dimanfaatkeun mulang ka Indonesia, hayang nyacapkeun kasono ka lembur, ka babaturan, ka dulur, jeung utamana mah ka kolot, nu geus aya kana dalapan bulanna teu panggih. Éta ogé mindeng ari komunikasi mah boh ngaliwatan telepon atawa SMS, ngan keukeuh béda rasana, antara ngobrol dina telepon jeung pangih langsung jeung jinisna mah.
Mang Udin geus surti. Mun aya kuring, manehna ngan saukur ngaluarkeun mobil ti garasi jeung ngahaneutan wungkul. Tara wani nanyakeun deui, da geus pada apal yén lamun kuring keur aya di lembur, nu nyupiran bapa jeung nganteur ka ditu ka dieu téh éstu kudu kuring. Ngahaja kitu téh, salianti hayang namplokeun kasono indit babarengan, ogé deuih hayang apal aktifitasna, ngarasakeun kumaha capéna pagawéanna.
Cara ti sasari mun bapa rék indit, sok dijajap ku ema kana mobil, malah sok ditempokeun sagala nepika ngilesna mobil di péngkolan. Kitu deui bapa ku anjeun, barang rék jung sok naros heula ka ema, mulangna hayang pangnyandakeun naon atawa nitip naon. Katénjo gedéna kanyaah ema ka bapa, boh bapa ka ema. Rék teu kitu kumaha, ka jalma nu salila leuwih ti opat puluh taun satia ngabaturan sapapait samamanis imah-imahan. Babarengan ngaliwatan jalan kahirupan nu garintul. Malah lain gan saukur salaki pamajikan, tapi jadi indung bapa ti dua budak lalaki hasil buah cintana. Nya éta kuring jeung Kang Tatang téa.
Pangna pantes, nalika ema gering parna tilu taun ka tukang bapa setrés pisan. Adatna ngadak-ngadak jadi robah. Teu kaop kasinggung meueusan, kaluar amarahna. Kitu téh meureun pedah hariwang, sieun ema kumaonam. Mangkaning geringna parna, nepika diopname sagala di rumah sakit. Keur deuih harita téh Bu Eni, garwana Pa Gaga anyar ngantunkeun. Meureun bapa sok mindeng ningal Pa Gaga jadi hulang-huleng bangun nu nunggeulis pisan ditingalkeun pamajikan. Éta oge hariwang sieun kitu tayohna mah, bapa can siap mu téa kudu ditingalkeun ema.
Bulan Februari kamari umur bapa nincak tujuh puluh tilu taun, tapi fisikna masih tetep seger buger, ajeg jeung tetep gagah. Teu némbongkeun boga umur kolot. Ngan meureun palebah rambutna geus mimiti pinuh ku silalatu. Béda jeung sobat-sobatna, boh nu saumur, saluhureun atawa sahandapeun, saperti Pa Apud, Pa Kurdi, Pa Gaga jeung Pa Engkos. Nu teu walakaya digorogotan umur. Malah ningan Pa Engkos mah najan umurna kakara genep puluh lima gé geus bungkuk leumpangna. Na atuh ari bapa mah katempona masih tetep jagjag jeung séhat, komo deuih jajauheun pisan kana boga panyakit pikun. Lamu téa dijajarkeun tur dibading-banding jeung sobatna, nu katempo pang ngorana téh sigana mah bapa. Padahal, rarasaan mah kana olahragana jarang, paling meureun sok mindeng leumpang. Éta oge mun ka kampus pedah jarakna kurang leuwih sakilo ti imah. Kitu deui kana dahareun sagala brek, teu apik rujit siga nu séjén.
“Rahasiana mah loba aktifitas, loba kagiatan. Gerak kaditu kadieu…” walonna mun aya nu nanya masalah éta.
Memang bener bapa mah loba pisan aktifitasna, najan geus pangsiun gé. Malah aktifitasna téh asa loba keneh sanggeus pangsiun, jadi dosén undangan. Ampir unggal minggu ber kaditu ber kadieu, ngadosénan di ditu, ngadosénan di dieu. Tayohna ampir sakabéh universitas geus kungsi ka ubek ku bapa mah. Euweuh ka capé. Padahal ceuk kasarna dunya geus nyampak sagala aya, budak geus jaradi jelema, kitu deuih gajih pangsiun rarasan mah leuwih ti cukup jang nutupan pangabutuh sapopoé. Lamun téa kurang atuh tinggal ménta ka kuring atawa ka Kang Tatang.
Lain teu atoh boga kolot kitu, dipikabutuh ku sasaha. Tapi bapa téh geus waktuna istirahat, tinggal senangna, diuk dina korsi goyang. Geus teu pantes mikiran balangsakna dunya komo deui ngarasa capé ku gawé. Matak Kang Tatang mah sok hémeng nempo bapa kitu téh, teuing naon cenah nu ditéangana. Da ningan lamun dicaram sok kalah bendu.
“Nu kieu mah lain gé pagawéaen, tapi pangaresep.” saurna bari baeud.
Kuring jeung Kang Tatang sok hariwang nempo kagiatan bapa nu sakitu lobana. Komo éta mun bagéan jadi dosen undangan di luar kota, kacida hariwangna téh. Sieun kuma onam. Euweuh nu nalingakeun. Katambah mawa mobil sorangan, da embung atuh dianteur ku supir téh, kajeun teuing bedo sigana.
“Bapa gé masih bisa mawa mobil mah. Keun waé Mang Udin mah sina di dieu, nganteur Ema. Bisi butuh keur nganteur ka ditu ka dieu,” cenah. Lain, lain teu percaya ka bapa nu masih bisa mawa mobil, tapi bapa téh geus kolot… na’udzubilah sok sieun aya hal nu teu dipiharep di jalan pangpangna mah.
Kakara kamari-kamari meureun bapa daék di supiran ku Mang Udin téh. Éta ogé pedah saméméhna meunang musibah, nabrak mobil batur nalika mulang ti Cianjur. Untung teu kunanaon, ngan meureun mobil wungkul nu ringsek téh. Trauma tayohna mah, jadi wé daék ayeuna mah disupiran téh.
Nalika bulan Agustus ngahaja bapa jeung ema téh diajak ka Australia, éta gé meunang ngabadamikeun heula jeung Kang Tatang. Bapa dibawa ka ditu téh sangkan reureuh, istirahat. Sakalian sukuran, kuring tas meuli imah anyar hayang katincak ku kolot, alesan utramana mah.
Meunang sabulan leuwih di Australia téh. Ngahaja maké nyewa touris guide sagala sangkan bapa jeung ema bisa jalan-jalan ngadatangan tempat-tempat pariwisata nepi ka suklak ka siklukna. Sina refresihing, reresepan jeung nu utamana mah sangkan pohoeun kana aktifitasna di lembur.
Minggu-minggu munggaran, stratégi téh aya hasilna. Bangun nu resep bisa jalan-jalan di negri kanguru téh. Katambah unggal poéna sok aya wa tamu nu datang ka imah manggihan bapa, ngadon silaturahmi. Nu daratang téh kurut mahasiswana baheula, boh nu ayeuna geus gawé di Australia boh nu keur naruluykeun kuliah.
Beuki béh dieu, beuki bosen meureun. Katempo sok hulang-huleng seorangan. “Bapa mah hayang mulang, inget ka barudak di kampus, tada teuing kuciwana meureun euweuh dosénna,” saurna. “Karunya, hanas malayar iuran kuliah, ari diajarna heunteu”.
Alus ari dina kituana mah bapa téh, inget kana kawajiban. Inget ka mahasiswana nu mayar iuran kuliah, padahal diajarna mah heunteu. Gede perhatianna mah. Jeung da memang bapa mah perhatian jeung nyaah pisan ka sasaha gé. Lain ka kuring jeung Kang Tatang wungkul atawa kadulur-dulurna kituna téh, tapi ka sasaha. Ningan Si Agus, budakna Mang Udin ogé ku bapa mah di sakolakeun jeung dikuliahkeun sagala. Malah ayeuna téh geus boga gawe sorangan. Kitu deui bapa mah jalmana tara itungan.
Inget keur leutik, mun pareng aya acara wisudaan di kampus, geus pasti saentosna aya nu datang ka imah. Cenah mahasiswana nu kakara lulus. Daratangna téh tara lengoh, rarébo ku rupa-rupa babawaaan jang bapa.. Tuluy nalika rék marulangna bari sasaliman téh sok ngarusiwelkeun amplop kana panangan bapa. Tapi tara ditarima, ku bapa ditampik. Najan sakumaha didedet-dedet ogé ku jalmana. Kuring mah jeung Kang Tatang sok sareuseurian di kamer bari noong narempokeun. Sabab lamun si tamu geus marulang, pasti ema nu bagean murukusunu ka bapa.
“Mun tarima! padahal katempona kandel, lumayan jang di dapur,” bari manyun.
Ari bapa, meni nyantey jeung tenang ngawalerna téh. “Keun waé, éta mah lain milik urang. Karunya ka jalmana. Milik urang mah loba ieuh, lain ti dinya wungkul.”
Ku sabab éta meureun, loba jalma nu raresepeun jeung hormat ka bapa. Matak mun Idul fitri atawa Idul adha sok loba parsél ngaleut ka imah. Boh ti koléga-kolégana atawa ti para mahasiswana. Malah kungsi, basa keur kuring kelas dua SMA mun teu salah mah, bapa téh gering. Teu sabaraha ari geringna mah, pedah sampéanna misalah tijalikeuh nalika badminton. Tapi, na atuh éta mah loba pisan jalma nu datang, ngabring ngalalongok bari garinding. Tatangga ogé ni arolohok, disangkana di imah keur aya raraméan.
Harita, bapa jeung ema téh teu diidinan ieuh mulang. Da kuring keur riweuh di kantor loba gawéan, hésé meunang perlop alésanna mah.
Teu burung terus dibébénjokeun bapa téh, ku sagala rupa améh poho ka lembur. Tapi euweuh hasilna, kalah gering nu aya. Dibawa ka dokter geus sabaraha balikan, cenah mah panyakit darah tingina karugrag deui. Harita kénéh nalika chek up nu terahir téh langsung dirawat inap sagala di rumah sakit. Tapi beuki lila téh lain kalah beuki cageur, beuki parna nu aya. Bari keukeuh ngaéh teu poho kana paméntana, hayang balik!
Lain teu nyaah ka kolot pedah teu nurut kana paménta jeung paréntahna, tapi masalahna mun bapa mulang ka lembur geus pasti bakal balik deui kana aktifitasna. Katambah kondisina can séhat jeung deuih lamun perawatanana dituluykeun di Indonesia apan kabéh ogé geus apal kumaha kaayaan rumasakit-rumasakitna, teu kumplit jeung teu sacanggih di luar negeri jaba pelayanana kurang.
Beuki lila mah hate téh lééh nempo bapa nu teu daék répéh hayang mulang, watir jeung deuih kétang diidinan sotéh pedah harita bapa maké ngancam sagala. Cénah lamun teu diidinan kajeun kabur, mulang sorangan ka Bandung. Nya atuh harita kénéh oge gura-giru nelepon Kang Tatang sangkan mapagkeun, da kuring teu bisa nganteur. Nalika mulang téh na pesawatna ogé bari diopnamé jeung dibaturan perawat husus, da sieun kuma onam.
Heuleut saminggu, meunang kabar ti Kang Tatang cénah bapa téh geus jagjag belejag, malahan tilu poé ti barang nepi ka Bandung geus indit ngadosenan ka Purwakarta. Teu beunang dicarék ku sasaha. Basa chek up ka dokter, geus séhat, darahna normal. Malah canah geus euweuh deui nu kudu dipikahariwang. Aya ku aneh, kabeh gé nepi ka gogodeg.
Bener ceuk Kang Ahmad, teuing naon atuh nu ditéangan Bapa. Saperti ayeuna, anjeunna keur anteng ngajar. Keun waé disebut anteng ogé, da bonganna cenah éta mah lain pagawéan sur bapa ku anjeun, tapi pangaresep. Di hareupeun kélas katénjo bapa masih kénéh parigel maparin kuliah ka mahasiswaana. Paromana adem, taya pisan beban atawa paksaan. Duka rék nepi ka iraha bapa kitu téh. Taya pisan tanda-tanda capé jeung jemu dina nyanghareupan aktifitasna. Tapi nu katempo téh malah cahya ka ikhlasan jeung katentreman tina batinna. Mugia bapa dipaparin panjang yuswa.
Cihideung 26/09/09
kungsi dimuat dina Tribun Jabar
Bapa
16
Méi

nuraeni
1 22011pUTC09bUTCTue, 20 Sep 2011 12:23:03 +0000 at 10.20
amiinn..
do’akeun weuh ambeh sadayana panjang yuswana..:)
Jmr Tommy
1 62011pUTC11bUTCSat, 12 Nov 2011 18:08:05 +0000 at 10.20
wasta: : tommy hermawan
kelas : ix (h)
komentar : sae pisan carponna . kata kata na sae pisan