Arsip pikeun Naskah

Carita Parahyangan

Carita Parahiyangan mangrupakeun ngaran hiji naskah Sunda nu dijieun kira ahir abad ka-16, nu nyaritakeun sajarah tatar Sunda, utamana ngeunaan kakawasaan karajaan Galuh jeung Sunda. Dingaranan ktiu dumasar kana bubuka eusina nu nyebutkeun “ndéh nihan carita parahiyangan”. Dumasar kana carita nu mungkasna, ieu naskah dijieun dina ahir abad ka-16 atawa awal abad ka-17, nalika kakuatan pulitik Islam saeutik-saeutik geus nyilihan kakawasaan Sunda di Pakuan Pajajaran.

1.       Naskah

Ieu naskah téh sabagian ti naskah nu aya dina koropak nomer 406 nu disimpen di Musieum Nasional, Gedong Gajah, Jakarta. Lobana 47 lambar ukuran 21 x 3 cm, nu dina unggal lambarna dieusi tulisan 4 jajar (bulak-balik). Aksara nu dipaké nyaéta aksara Sunda kaganga.

 

1.1  Panalungtikan

Ieu naskah munggaran ditalungtik ku K.F. Holle, lajeng ku C.M. Pleyte, nu duanana mémang loba nalungtik sastra Sunda-Buhun. Lajeng ieu naskah dialihaksarakeun ku Purbacaraka, salaku tambahan pikeun laporan anjeunna ngeunaan Batu Tulis di Bogor. Tarékah ieu diteruskeun ku H. ten Dam (taun 1957) jeung J. Noorduyn (laporan panalungtikan taun 1962 jeung 1965). Salajengna, ieu naskah ogé ditalungtik ku sababaraha sarjana Sunda, di antarana Ma’mun Atmamiharja, Amir Sutaarga, Aca, Ayatrohaédi, sarta Édi S. Ékajati jeung Undang A. Darsa.

 

2.      Eusi

Ieu naskah nyaritakeun sajarah Sunda, ti awal karajaan Galuh jaman Wretikandayun nepi ka runtagna Pakuan Pajajaran alatan kadéséh ku pangaruh Islam ti Demak jeung Cirebon (katut Banten).

 

   2.1 Sempakwaja & Mandiminyak

   2.2 Rahiyang Sanjaya

        Ieu naskah loba pisan nyaritakeun Rahiyang Sanjaya, anu méméh jeneng di Galuh boga ngaran Rakéyan Jambri, padahal jeneng rajana téh ukur salapan taun. Rakéyan Jambri téh putrana Sang Séna, sedengkeun Sang Séna téh anak Mandiminyak ti Pwah Rababu (istrina Sempakwaja, kungsi di-’keudeu-keudeu’ ku Mandiminyak).

Dina ieu naskah, Sanjaya kacaritakeun jago perang. Lian ti nu di pulo Jawa, Sanjaya ogé kungsi narajang wilayah-wilayah di Sumatra, kayaning Malayu, Sriwijaya, jeung Barus, malah nepi ka wewengkon kakawasaan Cina.

 

1.3  Perang Bubat

Dina lebah nyaritakeun Prabu Maharaja, anakna Aki Kolot, disebutkeun kieu

Manak deui Prebu Maharaja, lawasniya ratu tujuh tahun, kena kabawa ku kalawisaya, kabancana ku seuweu dimanten, ngaran Tohaan. Mundut agung dipipanumbasna. Urang réya sangkan nu angkat ka Jawa, mumul nu lakian di Sunda. Pan prangrang di Majapahit.

Mun dina basa Sunda kiwari, alihbasana kurang leuwih kieu,

Boga anak, Prebu Maharaja, lawasna jadi ratu tujuh taun, keuna ku kalawisaya, kabawa cilaka ku anakna, nu ngaranna Tohaan, ménta gedé panumbasna. Urang réa asalna indit ka Jawa, da embung boga salaki di Sunda. Heug wae perang di Majapahit.

 

1.4  Prabu Surawisésa

Prabu Surawisésa, putrana Ratu Jayadéwata, kawarisan kakawasaan Sunda dina mangsa anu henteu nguntungkeun, sabab wilayah-wilayahna loba nu baruntak, éléh pangaruh, atawa direbut ku karajaan Cirebon anu dibantuan ku Demak. Dina mangsa kakawasaanana anu 14 taun, Prabu Surawisésa mingpin bala saréwu dina 15 kali perang.

Disilihan inya ku Prebu Surawisésa, inya nu surup ka Padarén, kasuran, kadiran, kuwamén. Prangrang limawelas kali hanteu éléh, ngalakukeun bala sariwu. Prangrang ka Kalapa deung Aria Burah. Prangrang ka Tanjung. Prangrang ka Ancol kiyi. Prangrang ka Wahanten girang. Prangrang ka Simpang. Prangrang ka Gunungbatu. Prangrang ka Saungagung. Prangrang ka Rumbut. Prangrang ka Gunung. Prangrang ka Gunung Banjar. Prangrang ka Padang. Prangrang ka Panggoakan. Prangrang ka Muntur. Prangrang ka Hanum. Prangrang ka Pagerwesi. Prangrang ka Medangkahiyangan. Ti inya nu pulang ka Pakwan deui. hanteu nu nahunan deui, panteg hanca di bwana. Lawasniya ratu opatwelas tahun.

Dina tradisi lisan, Prabu Surawisésa ieu katelah Mundinglaya Dikusumah.

 

   2.5 Patempatan/wilayah Sunda

Naskah Carita Parahiyangan loba pisan nyebut patempatan/wilayah nu, tangtuna, kaasup wilayah kakawasaan Sunda. Éta patempatan, aya nu nepi ka kiwari tetep kitu ngaranna, aya ogé nu geus teu aya di kieuna:

 

1.      Ancol: Ancol, Jakarta Kalér

2.      Arile, di Kuningan

3.      Balamoha

4.      Balaraja

5.      Balitar

6.      Barus

7.      Batur

8.      Berawan

9.      Cilotiran

10.  Cimara-upatah

11.  Cina

12.  Ciranjang

13.  Cirebon: karajaan Cirebon

14.  Datar

15.  Demak: karajaan Demak

16.  Demba, nusa

17.  Denuh: wewengkon pakidulan

18.  Galuh: karajaan Galuh, salah sahiji puseur pamaréntahan & kaadaban Sunda

19.  Galunggung; gunung Galunggung

20.  Gegelang

21.  Gegeromas

22.  Gunung

23.  Gunung Banjar

24.  Gunungbatu

25.  Gunung Merapi

26.  Hanum

27.  Hujung Cariang

28.  Huluwesi, Sanghiyang

29.  Jampang

30.  Jawa: wilayah urang Jawa (bagian wétan pulo Jawa)

31.  Jawakapala

32.  Jayagiri

33.  Kahuripan

34.  Kajaron

35.  Kalapa: palabuan utama Sunda, kiwari Sunda Kelapa

36.  Keling

37.  Kemir

38.  Kendan: karajaan nu ayana kira di sabudeureun gunung Kendan di wewengkon Nagrég, anu loba kapanggih batu obsidian nu katelah batu kendan.

39.  Kiding

40.  Kikis

41.  Kreta

42.  Kuningan: puseur kabupatén Kuningan

43.  Lembuhuyu

44.  Majapahit: karajaan Majapahit

45.  Majaya

46.  Malayu: karajaan Malayu di Sumatra

47.  Mananggul

48.  Mandiri

49.  Medang

50.  Medangjati

51.  Medang Kahiangan

52.  Menir

53.  Muntur

54.  Nusalarang

55.  Padang

56.  Padarén

57.  Pagajahan

58.  Pagerwesi

59.  Pagoakan

60.  Pajajaran: Pakuan Pajajaran, puseur karajaan Sunda, perenahna di Bogor kiwari

61.  Pakuan: Pakuan Pajajaran, puseur karajaan Sunda, perenahna di Bogor kiwari

62.  Pangpelengan

63.  Paraga

64.  Parahiyangan

65.  Patégé

66.  Puntang: gunung Puntang

67.  Rajagaluh: Rajagaluh, Majalengka

68.  Rancamaya, Sanghiyang: wewengkon kuloneun Ciawi, Bogor, kiwari jadi babakan paniisan méwah

69.  Rumbut

70.  Salajo

71.  Saung Agung

72.  Saunggalah

73.  Simpang

74.  Sumedeng

75.  Sunda: karajaan Sunda anu puseurna di Pajajaran, Bogor

76.  Taman

77.  Tanjung

78.  Tarum: Citarum

79.  Tasik

80.  Tiga, gunung

81.  Wahanten-girang: Banten Girang

82.  Wanakusuma, gunung

83.  Winduraja

84.  Wiru

 

    * Aca. 1968. Carita Parahiyangan: naskah titilar karuhun urang Sunda abad ka-16 Maséhi. Yayasan Kabudayaan Nusalarang, Bandung.

    * Ayatrohaédi. 2005. Sundakala: cuplikan sejarah Sunda berdasarkan naskah-naskah “Panitia Wangsakerta” dari Cirebon. Pustaka Jaya, Jakarta.

 

Pairan (1) »

Sanghyang Siksa Kanda ng Karesyan

Sanghyang Siksa Kanda ng Karesyan mangrupakeun hiji pustaka Sunda nu ku sawatara ahli digolongkeun kana pustaka énsiklopédik nu ditulis taun 1440 Saka (1518 M) dina basa Sunda.

 

Naskah

Sanghyang Siksa Kanda ng Karesyan kapanggih salaku naskah nu ditulis dina daun nipah maké pangot (koléksi Perpustakaan Nasional nomer invéntaris Kr. 630).

 

Eusi

Eusi Sanghyang siksa kanda ng karesyan ngawengku dua bagian. Nu kahiji disebut Dasakreta salaku “kundangeun urang réa” (ajaran ahlak jeung pancén unggal jalma), sedengkeun nu kadua disebut Darma pitutur nu eusina hal-hal ngeunaan pangaweruh nu sawadina dipimilik ku unggal jalma sangkan hirupna mawa guna di dunya.

Najan pustaka ieu nyebut manéh “karesyan”, eusina mah teu ukur ngeunaan kahirupan kaom agamawan, malah loba nu patali jeung kaparigelan hirup nurutkeun ajaran darma.

 

Élmu pangaweruh

Bagian nu patali jeung élmu pangaweruh aya dina darma pitutur, sakumaha kaunggel dina “panganteur” di handap,

“kitu kéh urang janma ini. lamun dék nyaho di puhun suka lawan enak ma ingetkeun saur sang darma pitutur… kalinganya, kita jarangg dék ceta, ulah salah geusan nanya…”

Panganteur ieu lajeng diteruskeun ku medar rupa-rupa pangaweruh: kahirupan tutuwuhan, sasatoan, carita, tembang, kaulinan, carita pantun, lukisan, ukiran, panday, kaén, papasakan, agama, perang jeung siasat perang, jangjawokan, jampé, palintangan, nagara, jsb.

Pustaka ieu nyebutkeun yén di wilayah karajaan Sunda dina mangsa harita geus mikawanoh rupa-rupa basa: ayana kasab jurubasa darmamurcaya sarta disebutkeunana basa-basa deungeun kayaning Cina, Keling, Parsi, Mesir, Samudra, Makasar, Pahang, Kalantan, Maluku, Jawa, Campa, jsb.

 

Kasenian

Najan masarakat Sunda umumna bisa dianggap salaku masarakat huma, ceuk SSKK mah kahirupan karohanian jeung kabudayaan mah tetep tumuwuh: ayana kahirupan karaton, mandala atawa désa, atawa gabungan ti dua éta.

Karya sastra nu disebutkeun dina SSKK némbongkeun ayana pangaruh sastra Jawa jeung India. Nu dianggap pituin Sunda mah nyaéta tradisi lisan carita pantun, kawih, jeung kaulinan barudak nu tumuwuh di masarakat.

 

 

Pikeun leuwih jentre mangga baca:

Ayatrohaédi & Sri Saadah. 1995. Jatiniskala: kehidupan kerohanian masyarakat Sunda sebelum Islam. Proyek Pengkajian dan Pembinaan Nilai-nilai Budaya Pusat, Direktorat Sejarah dan Nilai Tradisional, Direktorat Jenderal Kebudayaan, Departemen Pedidikan dan Kebudayaan, Jakarta.

Tinggalkeun pairan »

Bujangga Manik

Bujangga Manik mangrupa salah sahiji naskah dina basa Sunda anu pohara gedé ajénna. Naskah ieu ditulis dina wangun puisi naratif dina daun nipah anu kiwari disimpen di Pabukon Bodleian di Oxford saprak taun 1627 (MS Jav. b. 3 (R), cf. Noorduyn 1968:469, Ricklefs/Voorhoeve 1977:181). Ieu naskah diwangun ku 29 lambar daun nipah, anu unggal lambarna ngandung kira-kira 56 jajar (rumpaka) anu tiap rumpakana diwangun ku 8 padalisan, bentuk puisi Sunda buhun.

Anu ngalalakon dina ieu naskah téh nyaéta Prabu Jaya Pakuan nu boga landihan Bujangga Manik, saurang resi Hindu anu, sanajan mangrupa saurang prabu di karaton Pakuan Pajajaran (puseur dayeuh Karajaan Sunda, anu perenahna di wewengkon anu ayeuna jadi dayeuh Bogor), leuwih resep ngalakonan hirup jadi resi. Salaku resi, manéhna ngumbara mapay kabuyutan atawa puseur kaagamaan (Hindu) nu aya di Jawa jeung Bali. Anjeunna nyaritakeun yén pangumbaraanana téh dipaju dua kali. Samulangna ti Jawa, Bujangga Manik tatapa di hiji gunung di Tanah Sunda (bale geusan ngajadina) nepi ka pupusna. Noorduyn, J. (2006). Three Old Sundanese poems, KITLV Press.

Écés pisan, tina carita dina jero naskah kasebut, yén naskah Bujangga Manik asalna ti jaman saméméh Islam asup ka Tatar Sunda. Naskah kasebut henteu ngandung hiji ogé kecap-kecap anu asalna tina basa Arab. Disebutna Majapait, Malaka sarta Demak ngajadikeun urang bisa neguh yén naskah ieu ditulis dina ahir taun 1400-an atawa awal taun 1500-an.Noorduyn, J. (2006). Three Old Sundanese poems, KITLV Press.

Naskah ieu pohara gedé ajénna lantaran ngagambarkeun topografi pulo Jawa dina kira-kira abad ke-15. Leuwih ti 450 ngaran tempat, gunung sarta walungan disebutkeun dina ieu naskah. Sawaréh ti ngaran-ngaran tempat kasebut masih dipaké nepi ka ayeuna

 

Ringkesan Eusi Naskah

 

Anu nulis naskah buhun ieu téh nyaéta Prabu Jaya Pakuan, bisa ditempo dina rumpaka ka 14. Pangeran Jaya Pakuan boga landihan Bujangga Manik, anu bisa kapanggih munggaran dina rumpaka ka 456. Dina rumpaka 15-20 dicaritakeun yén anjeunna baris ninggalkeun ambuna pikeun ngumbara ka arah wétan. Anjeunna pohara taliti dina nyaritakeun lalampahanana.

Bujangga Manik mitembeyan lalampahan kahijina ngaliwatan wewengkon Puncak. Waktu Bujangga Manik leumpang nanjak ka wewengkon Puncak, anjeuna reureuh heula, diuk, ngipasan awak sarta nempokeun kaéndahan alam hususna Gunung Gedé anu dina rumpaka ka 59 nepi ka 64, disebut ku anjeunna sabagé titik pangluhurna nu aya di dayeuh Pakuan (ibukota Karajaan Sunda).

Ti Puncak, anjeunna neruskeun lalampahan nepi ka meuntas Cipamali (ayeuna mindeng disebut Kali Brebes ) pikeun asup ka wewengkon Jawa. Di wewengkon Jawa anjeunna mapay-mapay patempatan anu kawengku ku Majapait. Patempatan anu kawengku ku karajaan Demak (alas Demak) ogé kaliwatan. Sadatang di Pamalang, Bujangga Manik nineung ka ambuna (rumpaka 89) sarta buleud haté pikeun balik. Tapi dina mangsa ieu, anjeunna leuwih milih jalan laut nyaéta naék kapal anu datang ti Malaka. Kasultanan Malaka mimiti pertengahan abad ke-15 nepi ka ditalukkeunna ku Portugis ngawasa perdagangan di laut.

Miangna kapal ti darmaga digambarkeun kawas upacara pésta (rumpaka 96-120): bedil ditémbakkeun tujuh kali, pakakas musik ditabeuh, sawatara lagu ditembangkeun kalayan tarik ku awak kapal; bahan-bahan anu nyusun kapal ogé diwincik ku Bujangga Manik; aya awi gombong jeung awi nyowana. Bahan tina hoé ogé aya rupa-rupa, hoé muka, hoé omas jeung hoé walatung. Tihang kapal dijieun tina kai laka. Bujangga Manik ogé helok ningali awak kapal anu asalna ti réa sélér.

Lalampahan ti Pamalang ka Sunda Kalapa, palabuhan Karajaan Sunda, dilayaran sajero waktu satengah bulan. (rumpaka 121), anu méré gambaran yén kapal anu ditumpakan téh nyimpang ka sababaraha patempatan nu aya diantara Pamalang jeung Kalapa. Tina palayaran kasebut, Bujangga Manik nyieun ngaran landihan séjénna nyaéta Ameng Layaran.

Ti Sunda Kalapa, Bujangga Manik ngaliwatan Pabéyaan sarta neruskeun lalampahan ka karaton di Pakuan, di bagian kidul dayeuh Bogor kiwari (Noorduyn 1982:419). Bujangga Manik asup ka Pakancilan (rumpaka 145), terus asup ka balé réncéng (paviliun) anu diréka-réka (didekorasi) sarta tuluy diuk di dinya. Bujanga Manik nempo ambuna keur ninun (cara ninunna dijelaskeun dina rumpaka 160-164). Ambuna kagét jeung bungah nempo anakna mulang. Anjeunna geura-giru ninggalkeun pagawéan ninunna sarta asup ka imah nyingkabkeun sawatara kasang carita (hordéng) nu aya rarawisanna, sarta unggah kana ranjang. Ambuna Bujangga Manik nyiapkeun pangbagéa ka anakna, nyokot sabaki seupaheun, mérésan rambut, sarta maké kaén mahal. Anjeunna terus turun tina ranjang, kaluar ti imah, nuju ka balé réncéng sarta ngabagéakeun anakna. Bujangga Manik nampa seupaheun anu disuguhkeun ku ambuna.

Dina bagian saterusna, dicaritakeun ngeunaan putri Ajung Larang Sakéan Kilat Bancana. Emban Jompong Larang ninggalkeun kadaton, meuntasan Cipakancilan sarta datang ka karaton Bujangga Manik. Di karaton kasebut Jompong Larang paamprok jeung Bujangga Manik. Jompong Larang kataji pisan ku Bujangga Manik (rumpaka 267-273).

Samulangna ka kadaton, Jompong Larang manggihan putri Ajung Larang anu pareng keur riweuh ninun. Sang putri ngabogaan ebun Cina beunang ngimpor ti mancanagara (rumpaka 284-290), nempo Jompong Larang anu geura-giru, naék ka manggung sarta saterusna diuk di gigireun sang putri. Putri nanyakeun talatah naon anu dibawana; Jompong Larang ngomong yén manéhna nempo lalaki anu pohara kasép, sabanding pikeun putri Ajung Larang. Manéhna nyaritakeun yén Ameng Layaran leuwih kasép batan Banyak Catra atawa Silih Wangi, atawa ponakan sang putri (rumpaka 321), atawa saha waé. Leuwih ti éta, lalaki éta singer nyieun karya sastra dina daun nipah sarta bisa basa Jawa (rumpaka 327). Putri Ajung Larang langsung ngarasa kapentang asmara. Anjeunna saterusna ngeureunkeun pagawéan ninunna sarta asup ka imah nyiapkeun hadiah pikeun Bujangga Manik ti mimiti seupaheun jeung perhiasan sarta barang nu éndah lianna kalayan ati-ati. Putri ogé ngahadiahkeun rupa-rupa parfum ti mancanagara anu pohara mahalna, baju katut keris anu éndah.

Ambuna Bujangga Manik ngadesek anakna pikeun nampa hadiah ti putri Ajung Larang, saterusna ngagambarkeun kageulisan putri sarta pujian séjénna. Ambuna Bujangga Manik ogé nyarita yén putri bakal sumerah diri ka Bujangga Manik. Saterusna anjeunna ngedalkeun kecap-kecap anu henteu kungsi ditepikeun ku putri Ajung Larang “Kuring baris sumerah diri. Kuring baris nyamber kawas heulang, ngerekeb kawas maung, ménta ditarima jadi kikindeuwan” (rumpaka 530-534). Ameng Layaran reuwas ngadéngé uucapan ambuna sarta nyebutkeun yén éta téh ucapan larangan (carek larangan) sarta buleud haté pikeun nampik hadiah kasebut (rumpaka 548-650). Manéhna ménta ambuna marengan Jompong Larang pikeun mulangkeun hadiah kasebut sarta ngupahan ka putri Ajung Larang. Manéhna leuwih resep hirup nyorangan sarta ngajaga ajaran anu katarima salila lalampahanana ka Jawa, di hiji pasantrén di lamping Gunung Merbabu (anu ku manéhna disebut Gunung Damalung sarta Pamrihan). Pikeun éta pisan Bujangga Manik kapaksa kudu ninggalkeun deui ambuna. (jajar 649-650).

Bujangga Manik nyokot kantong anu eusina buku gedé (apus ageung) sarta siksaguru, ogé iteuk hoé sarta pecut. Manéhna saterusna ngomong yén baris indit deui ka wétan, ka tungtung wétan pulo Jawa pikeun néangan patempatan pikeun jaga manéhna dikuburkan, pikeun néangan “laut pikeun palid, hiji tempat pikeun pupusna, hiji tempat pikeun ngagolérkeun awakna” (663-666). Kalayan kecap-kecap anu dramatis ieu anjeunna ninggalkeun karaton sarta mitembeyan pangumbaraan panjangna, sarta henteu kungsi balik deui.

Bujangga Manik neruskeun lalampahanana ka wétan, nuliskeun réa pisan ngaran patempatan anu sawaréh masih dipaké nepi ka kiwari.

Pikeun leuwih jentre mangga aos.

  •  J.Noorduyn (alihbasa ku Iskandarwassid). 1984. Perjalanan Bujangga Manik Menyusuri Tanah Jawa: data topografis dari sumber Sunda Kuno. KITLV & LIPI, Jakarta.
  • J. Noorduyn & A. Teeuw. 2006. Three Old Sundanese Poems. Leiden: KITLV.

Tinggalkeun pairan »