(cahya sumirat di bulan maret)
Dangiang rasa teu weleh kumerendang jero dada
Maparin wirahma kana geterna hate nu micangcam rasa suka
Najan sagara luas taya pada
Tapi kuring geus kabengbat ku hiji talaga
Nu herang tur ngeploh caina
Najan dunya keur anjeun simpe
Geter hate kuring nu bakal mere denge
Mepende kaasih dina tibrana sare
Najan dunya keur anjeun sunyi
Mudah-mudahan kaharti sakabeh panyungsi
Nu datang tina kaihlasan ati
Najan…
Ah….Sanajan loba najan
Diri geus panceg ati
Neudeun hate pikeun hiji lalaki
Nu nampa dunya teu ngarasula
Kang, iraha atuh urang tepung di muara katresna
Padahal sakabeh talaga geus pada apal jalan carita.
Gerlong, 111108
